Eusian ieu wawangsalan, dak...! ku: Agus Mulyana



Eusian ieu wawangsalan, dak...!
ku: Agus Mulyana

Uleng mikir maca soal,
kapireng nu pupujian.

Ku virus sasalad dunya,
tikorona jadi eungap.

Virus kuman moal nerap,
sieuneun halimun gunung.

Tong liar kaluar imah,
mending ogé nyoo ucing.

Keuna ku bibit panyakit,
tatalépa pada jalma.

Moé tonggong di buruan,
katohyan pimitohaeun.

Guru jauh murid anggang,
padaringan pinuh béas.***

Komentar

Postingan Populer