WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU / BINTANG TAMU

Milangkala Ka-84 SMPN 1 Purwakarta, Spensa Ngukir Lalampahan Panjang Atikan jeung Prestasi

Milangkala Ka-84 SMPN 1 Purwakarta, Spensa Ngukir Lalampahan Panjang Atikan jeung Prestasi Purwakarta – Warta Sunda Online ,- Sakola Menenga...

CAMPALA MEDAR

"Urang Sunda kudu reueus kana karuhun. Ti Salakanagara nepi ka Pajajaran, Sunda geus ngawangun peradaban Nusantara. Jaga budaya, hirupkeun warisan pikeun generasi kiwari.” #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

SUMUHUN DAWUH NARIMA PITUDUH




SUMUHUN DAWUH NARIMA PITUDUH

Rambut na sirah katingali  geus pinuh ku huis siga nu disipuh.
Gigi geus rapuh ngan mampuh kana dahareun nu uduh.
Suku teu bisa jalan kanu jauh. Beurat ku awak nu lintuh bayuhyuh.
Teu kaop cape sieun labuh.
Sare teu bisa tunduh.
Ti bada isya nepi ka subuh.
Kulit pareot katingalina lusuh.
Tanaga geus teu utuh teu kuat ngagayuh.
Persendian   nyareuri karasana tubuh.
Penyakit sering kambuh.
Da teu sembuh-sembuh.
Mun karasa paling bisa nyebut "aduh".
Ku loba panyakit mah hirup loba ngarahuh.
Daya nalar geus teu ampuh.
Loba poho sering ngeluh.
Cicing di imah teu betah matuh.
Loba teu pararuguh
Ngabrangbrangkeun hate supaya teduh.
Ilmu sebage pangaweruh kudu diamalkeun nepi ka putuh.
Mun rek migawe hiji perkara poma ulah gurunggusuh
Kudu difikirkeun akibat na atuh.
Pituduh ti Allah urang pasti butuh.
Bersimpuh ngado'a nu ampuh.
Akidah supaya teguh.
Jaga sholat ulah nepi karuntuh.
Istiqomah ulah milu kiruh
Ibadah kudu sungguh-sungguh.
Setan kudu dijadikeun musuh.
Setan nyuruh amal salingkuh resep di tempat nu kotor jeung kumuh.
Kabeneran nu datang ti Allah jeung ti RasulNa jadikeun sebage pituduh sarta kudu ditarima sumuhun dawuh.
Insya Allah moal ripuh.

(AM Banten)

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "SUMUHUN DAWUH NARIMA PITUDUH"

Posting Komentar