Sajak Sunda KiNdéd19 (L.E.N.G.K.A.H)


L.E.N.G.K.A.H

Balebat pating arudat
Nu teu kendat-kendat sumirat
Murub mubyar pating garurat
Sela mega mapaes jagat

Lengkah dampal mitapak lemah
Mapay galengan nyiar kipayah
Sieuhkeun rasa kasenggah
Jauhkeun rasa kaweugah

Tarapti tur ati ati
Tong gurung gusuh sangkan teu pahili
Nete taraje nincak hambalan
Sangkan pareng kabarokahan

Udag dunya ku sagala cara
Lir hirup  rek salilana
Ngan omat ulah poho kanu Kawasa
Nyawa didodoho saban mangsa

#Kinded19



Postingan Populer