WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU / BINTANG TAMU

Milangkala Ka-84 SMPN 1 Purwakarta, Spensa Ngukir Lalampahan Panjang Atikan jeung Prestasi

Milangkala Ka-84 SMPN 1 Purwakarta, Spensa Ngukir Lalampahan Panjang Atikan jeung Prestasi Purwakarta – Warta Sunda Online ,- Sakola Menenga...

CAMPALA MEDAR

"Urang Sunda kudu reueus kana karuhun. Ti Salakanagara nepi ka Pajajaran, Sunda geus ngawangun peradaban Nusantara. Jaga budaya, hirupkeun warisan pikeun generasi kiwari.” #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

Pamaréntah Kabupatén Purwakarta Ngoméan Jalan Rusak di Citéko




PURWAKARTA – Warta Sunda Onliné,
P
amaréntah Kabupatén Purwakarta ngaliwatan Dinas Pekerjaan Umum Bina Marga dan Pengairan (PUBMP) Kabupatén Purwakarta ngeembarkeun anggaran Rp. 2 miliar keur ngoméan Jalan Raya Citéko Kecamatan Pléréd.

"Pihakna rék ngoméan jalan Citéko, samalah anggaranna ogé disiapkeun kana Rp. 2 miliar," kitu ceuk Kepala Dinas PUBMP, Buddy Supriyadi, Rebo (6/11/2019).

Inyana nyebutkeun, yén anggaran éta keur ngoméan Jalan Raya Citéko  nu sumber ti APBD perubahan. Malah mandar gedéna anggaran éta téh tos kalebet keur pengerjaan saluran cai.

"Tapi pihakna mrioritaskeun keur jalan nu ruksak parna nu konsepna di beton," pokna.

Lian ti éta ceuk Buddy ménta warga kudu salabar kulantaran ayeuna masih dina proses tahap lelang. Malah pengerjaan perbaikanna ogé dina bulan Desember nu bakal datang.

"Ayeuna geus asup kana tahap lelang, mun seug aya pemenangna perbaikan éta rék sagancangna jalan Citéko dioméan," pokna Buddy.

Nitenan, karuksakan badan jalan éta aya di dua titik, masing–masing nu ukurannana kurang leuwih kana 80 métér jeung 120 métér. Warga sempat ngayakeun aksi protes ku cara nu unik, nyaéta ngadon nguseup di kubangan badan jalan nu pinuh ku cai, aksi nu saperti kitu téh nepika diposting dina media sosial facebook.***

Subscribe to receive free email updates: