WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU / BINTANG TAMU

Milangkala Ka-84 SMPN 1 Purwakarta, Spensa Ngukir Lalampahan Panjang Atikan jeung Prestasi

Milangkala Ka-84 SMPN 1 Purwakarta, Spensa Ngukir Lalampahan Panjang Atikan jeung Prestasi Purwakarta – Warta Sunda Online ,- Sakola Menenga...

CAMPALA MEDAR

"Urang Sunda kudu reueus kana karuhun. Ti Salakanagara nepi ka Pajajaran, Sunda geus ngawangun peradaban Nusantara. Jaga budaya, hirupkeun warisan pikeun generasi kiwari.” #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

#NétProsamini/PustakaSunda/NuNgolébat/DianWulan


NU NGOLÉBAT

R
ada tiiseun di ruang tunggu dokter téh. Teuing pédah hujan ti soré kénéh meureun.

Rét ka béh katuhu. Gebeg. Geuning aya Dédéh di dieu. Di klinik Prima. Rarasaan bet jadi tagiwur, teu puguh cabak. Naha rék naon Dédéh di dieu? Rék ka dokter kandungan kitu? Ngan asa piraku. Pan ceuk béja mah geus papisah jeung salakina. Tapi kétang da lain dokter kandungan wungkul di ieu klinik mah, aya dokter umumna ogé.

Manéhna diteuteup, anteb. Ngan hanjakal, kawasna teu terus rasa, nu diteuteup bangun haré-haré baé. Ngadon ngucumel HPna bari ngalahun budak lalaki.

Ngolébat mangsa munggaran amprok jeung Dédéh. Mangsa éndahna nguyup kaasih duaan. Hanjakal dipegatkeun ku bapana. Sagara katresna nu mayakpak ku kaéndahan robah jadi lautan kapeurih. Raheut nu gudawang jeroeun dada hésé litana, aya taunna.

Ayeuna tepung deui. Ku teu sangka. Hareupeun pisan. Manéhna ngalahun budak lalaki nu keur ingsreuk-ingsreukan. Kawasna keur gering.

Gigireun, pamajikan anteng nyoo HP. Cenah aya WA ti indung kuring, nanyakeun jadi henteuna mariksa kasuburan kandungan téh. Lantaran geus lima taun ti saprak dirapalan can boga waé cooeun mangsa mulang ti kantor. 

Rét deui ka nu hareupeun. Dédéh katémbong maling rérét. Séak téh, aya nu nyéak dina haté. Jajantung asa ratug. Geuning Dédéh melong ka dieu? Tangtuna nyahoeun kuring di dieu. Ah, boa kétang. Duh, mun tanggah atuh, Déh. Ulah tunggkul waé. Cik melong deui ka dieu, ceuk haté ngalécok sorangan. Ah, ka mana karep pikiran téh, ceuk haté deui némpas.

Budak lalaki nu dilahun téh dipelong. Keureutan beungeutna siga Dédéh. Meureun budakna. Kabita. Kawasna mun baheula ngajadi téh bakal boga budak sapantaran kitu.

Nu keur WA-an jeung mitohana dikaléng. Sirahna disarandékeun kana taktak. Lain rék ngabibita Dédéh, ngan rék nyumangetan pamajikan jeung diri sorangan, sangkan mingkin sabar dina nyanghareupan ieu ujian. Komo ujian nu di hareupeun.***

Subscribe to receive free email updates: