WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU / BINTANG TAMU

Milangkala Ka-84 SMPN 1 Purwakarta, Spensa Ngukir Lalampahan Panjang Atikan jeung Prestasi

Milangkala Ka-84 SMPN 1 Purwakarta, Spensa Ngukir Lalampahan Panjang Atikan jeung Prestasi Purwakarta – Warta Sunda Online ,- Sakola Menenga...

CAMPALA MEDAR

"Urang Sunda kudu reueus kana karuhun. Ti Salakanagara nepi ka Pajajaran, Sunda geus ngawangun peradaban Nusantara. Jaga budaya, hirupkeun warisan pikeun generasi kiwari.” #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

PEMDA MIDANG : Arisan Gotong Royong Ala Pamaréntah Kabupatén Purwakarta


 Ket. Poto : Arisan Gotong Royong Ala Pamaréntah Kabupatén Purwakarta.*


PEMDA – Warta Sunda Onliné,
S
alila ieu, Kabupatén Purwakarta mibanda program ngeunaa nataan lingkungan. Salahsahijina, program “Juma’ah Bebersih” atau “Jum'at Bersih”. Lain ngan ukur di pusat kota, kagiatan ieu ogé dilakukeun disakabéh nepika pilembureun désa.
Salahsahiji program ieu, nyaéta arisan gotong royong. Luyu sareng ngaranna, ieu kagiatan bebersih téh dilakukan sacara bagilir ti hiji wilayah ka wilayah lainna di lingkup kecamatan. Program ieu, dilaksanakan dina poé Juma’ah isuk-isuk.
Bupati Purwakarta, Anne Ratna Mustika ngeceskeun, wilayahna salila ieu geus kakoncara tina kabersihan jeung kaasrianna. Bahkan, geus leuwih ti satu dasawarsa, daérah nu kiwari dipingpinna téh diibaratkeun “Raja tanpa mahkota” dina bidang kabersihan.
"Purwakarta, ti baheula geus kakoncara tina kabersihanna. Tah, ieu téh kudu terus dipertahankeun," pokna Anne, Juma’ah (25/10/2019).
Nurutkeun Anne, éta téh ngarupakeun hasil ti kawijakan pamaréntah kabupatén.  Salila ieu, pamaréntah mibanda program nu eusina ngaintruksikeun ka sakabéh pagawé pamaréntahan pikeun gotong-royong ngabantuan masarakat dina hal njaga kabersihan.
"Jadi, tina kabijakan ieu ngainstruksikeun sakabéh pagawé, poma nu aya di lingkungan OPD/instansi, kecamatan nepika kelurahan/désa supaya turun ka lapangan pikeun bebersih lingkungan dina tiap poé Juma’ah (Jumsih)," jelasna.
Dina kagiatan éta, wilayah–wilayah nu kudu dibersihan téh parantos terjadwal. Nepika, engkéna sakabéh pagawé wajib datang ka lokasi nu geus ditangtukeun, saperti arisan.
"Misalna Juma’ah minggu ieu di wilayah Kecamatan kota, tah sakabéh pagawé kudu datang ka lokasi. Engké minggu hareupna, di wilayah mana deui. Terus nguriling saperti nurutkeun jadwal nu geus ditangtoskeun téa," pokna Anne.
Inyana ngajelaskeun, tradisi njaga kabersihan sacara gotong-royong ieu kudu terus dilaksanakan tur digedurkeun. Sangkan kacipta lingkungan anu bersih tur sehat.
"Kabersihan jadi tanggung jawab urang saréréa. kukituna, hayu urang babarengan ngagedurkeun deui sifat gotong-royong," Jelasna.***

Subscribe to receive free email updates: