WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU / BINTANG TAMU

Milangkala Ka-84 SMPN 1 Purwakarta, Spensa Ngukir Lalampahan Panjang Atikan jeung Prestasi

Milangkala Ka-84 SMPN 1 Purwakarta, Spensa Ngukir Lalampahan Panjang Atikan jeung Prestasi Purwakarta – Warta Sunda Online ,- Sakola Menenga...

CAMPALA MEDAR

"Urang Sunda kudu reueus kana karuhun. Ti Salakanagara nepi ka Pajajaran, Sunda geus ngawangun peradaban Nusantara. Jaga budaya, hirupkeun warisan pikeun generasi kiwari.” #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

Sakolebat Info : Dua Mobil Damkar Dibagéakeun ku Pawey Obor




Dua Mobil Damkar
Dibagéakeun ku Pawey Obor
SUKATANI – Warta Sunda Onliné,
M
aleman Taun Baru Islam 1441 Hijriyah dua mobil Dinas Pemadam Kebakaran dan Penanggulangan Bencana (DPKPB) Kabupatén Purwakarta, tadi jam 19.45 WIB ngaliwat dipatalimarga Désa Cianting Utara nu keur acara Pawei Obor. Antukna aleutan nu pawei obor éta, pihak panatacalagara sigap ngamankeun patalimarga pikeun mobil DPKPB ngarah ngaliwatna lancar. Intina mah ngahelakeun mobil damkar
Lantaran ari mobil damkar mah penting saenggalna dugi kalokasi. Sok sanajan patalimarga macet, tapi pihak désa, katut, pulisi tur babinsa sigap keur ngamankeun mobil damkar luwat-liwat. Kaleresan Pamilon  Pawei obor di sa-désa Cianting Utara ngaleut nganggo pembatas rapia, janten tiasa dikomando sangkan nyarisi heula. Pon kitu deui kandaraan mobil-motor ogé dinetralisir sangkan mobil damkar ngaliwat. Kitu ditétélakeun ku Sekdes Cianting Utara, Iyan Sopyan ka Warta Sunda Onliné maleman taun baru hijriah.

Dina hal ieu mah, pihak Warta Sunda Onliné (WSO)nuturkeun dua mobil ti tukangeun bari jeung dibaturan budak pangais bungsu, nu tadina mah hayang ningali pawey obor téa, tapi teu kabujeng nongton. Malah Cép Sefa (budak pangais bungsu) hoyong leuwih apal pihak damkar dina naklukeun seuneu nu kahuruan. “Nya, sakalian ngaliput nuturkeun dua mobil DPKPB.”
Dina hal ieu mah, yén mobil damkar ti Posko Pléréd jeung Kantor Cipaisan DPKPB muru ka TKP di Désa Pasirmunjul Kecamatan Sukatani. Tapi basa rék ka TKP, mobil damkar éta téh teu bisa liwat, alatan jalan ka lokasi di leuweung patalimarga teu bisa asup, kulantaran jalanna gawir tur sempit ngan ukur keur kandaraan roda dua.

Mobil Damkar teu bisa lewat, sim kuring jeung nu jadi budak muru ka TKP di Kampung Pasir Katomas Désa Pasirmunjul, Kecamatan Sukatani. Dugi ka TKP ruhay seuneu geus katémbong, malah mandar rébuan hektar tangkal kawung ngan kari areng jeung ruhay.
Di TKP, WSO kabeneran panggih jeung dua urang RT nu keur mantau kaayaan kahuruan dilokasi leuweung Pasir Katomas Désa Pasirmunjul. Dina katerangannana Ketua RT.06 Karsoma (47) sarta Ketua RT.05 Parisin (35), yén kajadian kahuruan téh ti jam lima soré ka magribkeun, inyana melang seuneu nu ngalentab tangkal kawung jeung injuk nu babari hurung katut jukut garing bisa nyebar ka puluhan imah warga sa-RW.02.
Dina kasempetan éta ogé, pihak Dinas Pemadam Kebakaran dan Penanggulangan Bencana Kabupatén Purwakarta, Kasubag TU, KR 2 Poswil Pléréd, Tatang Rachmat via WhatsApp ka WSO, ngahaminan ku teu biasa asup ka TKP. Tapi 5 urang anggota KR 2 Poswil Pléréd ngaliwatan Danru Aa Jajang, Deni Permana (Driver fire Fither), Saéful, Rian & Ivan. Dibantos KR 05 Regu  Mako Pusat diantarana : Ohid Rohidin (Driver KR 05), Cahaya Libia Srikandi, Yoga, Rian Gunawan, Hamdani, Yoga sareng Budi.

“Tarékah jeung patéah aranjeunna (anggota) ngadamel penyekatan legana dua métér sangkan seuneu teu nyebar ka tempat lainkomo nepika ka imah para warga. Samalah tempat dilokasi éta téh kaasup aman,” pokna Tatang.
Dina kasempetan éta ogé, ngaliwatan via WhatsApp, Kepala Dinas Pemadam Kebakaran dan Penanggulangan Bencana Kabupatén Purwakarta, Wahyu Wibisono ngabenerkeun kahuruan éta. Samalah tilu bulan ahir ieu téh, yén di Purwakarta sering kahuruan lahan perkebunan jeung leuweung undak nepika 455.951 hektare. Ku kituna, “inyana peupeujeuh ka sakumna warga pikeun hati-hati sangkan tong miceun puntung rokok sembarangan.” Pokna.***


Subscribe to receive free email updates: