WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU / BINTANG TAMU

Milangkala Ka-84 SMPN 1 Purwakarta, Spensa Ngukir Lalampahan Panjang Atikan jeung Prestasi

Milangkala Ka-84 SMPN 1 Purwakarta, Spensa Ngukir Lalampahan Panjang Atikan jeung Prestasi Purwakarta – Warta Sunda Online ,- Sakola Menenga...

CAMPALA MEDAR

"Urang Sunda kudu reueus kana karuhun. Ti Salakanagara nepi ka Pajajaran, Sunda geus ngawangun peradaban Nusantara. Jaga budaya, hirupkeun warisan pikeun generasi kiwari.” #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

WARTA TI PEMDA : Kuota Purwakarta keur Penerimaan CPNS Oktober 2019


Kuota Purwakarta keur
Penerimaan CPNS Oktober 2019

PURWAKARTA  - Warta Sunda Onliné,
B
adan Kepegawaian dan Pengembangan Sumber Daya Manusia (BKPSDM) Pamaréntah Kabupatén Purwakarta rék ngusulkeun penerimaan Calon Pegawai Negeri Sipil (CPNS) taun 2019 keur Purwakarta.
Kituna ogé nepika pamaréntah Pusat ngaliwatan Kementerian Pendayagunaan Aparatur Negara dan Reformasi Birokrasi (Kemenpan RB) sumawonna rék muka lowongan pendaftaran CPNS dina bulan Oktober 2019.
Luyu sareng serat edaran ti Kemenpan RB Nomor B/617/ M. SM.01.00/2019, jumlah penerimaan CPNS prosedurna nyaéta 30% kuota CPNS jeung 70% keur kuota Pagawé Pamaréntah Perjanjian Kerja (P3K).
Kepala Bidang Pengadaan BKPSDM Purwakarta, Hermawan negeskeun yén  Purwakarta geus ngusulkeun penerimaan CPNS. Jumlahna disesuaikeun jeung jumlah PNS nu pangsiun dina bulan April 2019 nu kamari.
“Kuota CPNS nu luyu téh jumlah PNS pensiun dina April 2019, aya kana 165 tenaga pendidik jeung lima urang keur tenaga kesehatan, sedengkeun 70% keur kuota P3K atawa kurang leuwih 270 urang,” ceuk Hermawan, Kemis (1/8).
Terkait P3K, Hermawan ngeceskeun ngiring kumaha-kumahana tina kawijakan ti pamaréntah pusat. Ayeuna keur P3K masih dina sistem penggajian jeung tunjangan masih dibebankeun ka pamaréntah daérah.
“Keur P3K mah nepika kiwari duka masih kénéh ditanggungkeun, mun anggaran Pemkab Purwakarta aya jigana tina rekrutmen P3K bakal aya,” pokna Hermawan.***

Subscribe to receive free email updates: