MAPAG KAMERDIKAAN RI : Préstasi nu Sampurna Ku Pengkab PPI Purwakarta
Préstasi nu Sampurna
Ku Pengkab PPI Purwakarta
PURWAKARTA – Warta
Sunda Onliné,
|
T
|
arékah jeung
patéah Ketua Purna Paskibraka Indonésia (PPI) Kabupatén Purwakarta sarta pamaréntah daérah dina
raraga mapag poé Kamerdikaan Negara Kesatuan Rrepublik Indonésia ka 74 taun.
Pihakna geus mere kasempetan ka para nonoman nu aya dina beungkeutan Paskibraka
Kabupatén Purwakarta.
Dina hal ieu
mah para nonoman paskibraka éta téh, aya nu wawakil ka tingkat nasional katut
provinsi, pon kitu deui tingkat kabupatén.
Nilik tina
sajarah ti taun 1984 paskibraka Kabupatén Purwakarta nu kungsi disangking ku
Agus Taji (Alumni SMAN 1 Purwakarta) tepi ka ayeuna 21 taun kakara deui hudang
tina ngimpina, yén para nonoman paskibraka Purwakarta asup jeung bersaing di
Tingkat Provinsi nepika ka Tingkat Nasional. Ieu téh ngarupakeun karancagéan stake holder anu hade bias nyumarita
deui di tingkat nasional jeung provinsi Jawa Barat.
Poma para
patandang nonoman éta téh diantarana mojang ti SMAN 1 Purwakarta asup kana pasukan pengibar bendera pusaka di Istana Negara Jakarta. Ngan nu ngabentenkeun dina pangberokan éta téh, para
pasukan paskibra can apal tugasna sewang-sewangan, dalah nepika dina poéanna 17
Agustusna na ogé, can apal. Tapi sababaraha deui jam kana waktuna ngibarkeun
bandera kakara tupoksina pasukan dibéjakeun.
Diantaran pelajar éta téh, aya nu
jadi bagian ti Paskibraka Nasional nyaéta Fara El Diba, siswa kelas X SMAN 1 Purwakarta. Lian ti éta, putra
bangsa ti Purwakarta mawa seungit di Tingkat Provinsi M. Ibnu Hamami ti SMAN 1
Sukatani.
Jadi Purwakarta mah, kapintunjulan
para nonoman dina Paskibraka di Tingkat Nasional, Provinsi, katut Tingkat
Kabupatén. Malah mandar wengi ieu rék aya acara Pengukuhan Pasukan Pengibar
Bendera Pusaka dan Anggota Korsik Dangiang Nyi Ratu di Taman Maya Datar Buruan
Pendopo Kabupatén Purwakarta. Malahan 54 urang Pasukan Paskibraka Tingkat
Kabupatén Purwakarta rék dikukuhkeun.
Ku kituna, neda pidu’a kasadaya ieu
pamaos Warta Sunda Onliné, sangkan Pelajar
putri kelas X di SMAN 1 Purwakarta Fara El Diba téh tiasa janten pembawa baki bandera
beureu-bodas. Lantaran ieu nu jadi kameumeutna ti para pasukan pengibar
bendera. “Komo mun nepika salaku pengerek bendera mah,” pokna Anas Gunadi
manten mojang-jajaka.***

