WARTA TI BANDUNG : Kab. Bandung ka Gilir Rakor Tagana Jabar
Kab. Bandung ka Gilir
Rakor Tagana Jabar
BANDUNG – Warta Sunda Onliné,
T
|
aruna Siaga Bencana (Tagana) Jawa Barat ngagelar Rapat Kordinasi
(Rakor) di Gedung Moch Toha, Kabupatén Bandung, Sabtu (20/7/2019). Kagiatan
Rakor dihadiri 500 urang ti tiap kabupatén/kota di Jawa Barat éta tujuanana sabeungkeutan
tur gawé rancagé dina narima jeung ngajalankeun tugas dilapangan. Ku kasiagaan jeung
proaktif Tagana siap tanggap darurat bencana, investasi, konsilidasi, sarta méré
Informasi ka masarakat tur mampu meminimalisir
bencana.
Numutkeun
Kasie Operasi Kantorsar Provinsi Jawa Barat, Rudi, yén Rakor Tagana nu
dilaksanakeun di Kabupatén Bandung, tujuanana sangkan sinergitas antar Tagana
se-Jawa Barat.
“Ku
ayana sistematis nu alus, komo nepika sakomando éta mampu keur nanganan pencarian sarta penanggulangan bencana. Dipiharep ayana Rakor ieu téh, bisa
ngajadikeun pembekalan keur para anggota Tagana,” pokna Rudi.
Disagedengeun
éta, Ketua Forum Pengurangan Bencana Jawa Barat, Soma ngeceskeun, yén wilayah
Jawa Barat aya tujuh gunung nu masih kénéh aktif jeung tilu sesar nu aktif, saperti
sesar Balibis, Cimandiri jeung sesar Lembang.
“Sedengkeun
tujuh gunung nu aktif éta téh diantarana Gunung Gedé, Gunung Salak, Gunung Gedé
Pangrango, Gunung Ceremai, Gunung Tangkuban Perahu, Gunung Guntur, jeung Gunung
Papandayan,” pokna.
Ku
kituna mun nepika Tagana teu tanggap darurat dina hal méré informasi ka masarakat
bakal kumaha jadina.
“Ku
hal éta perluna peran Tagana kudu pangheulana dina ngemban tugas keur
kapentingan masarakat ngarah ngarasa tenang mun informasi bencana nu akurat,” pokna
Soma.
Harepan H. Muhammad Nur, yén tagana-tagana nu di daérah
leuwih koordinasi sangkan tiasa paheuyeuk-heuyeuk gawé bareng anu rancagé dina
pelayanan prima ka masarakat.
Lain
halna ceuk Perwakilan Tagana di Kabupatén Purwakarta, Ading Sudingrat. Inyana
ngarasa reueus ku ayana rakor, malah mandar tiasa saling koordinasi mun nepika
aya bencana anu parna tiasa aya bantuan ti Jabar ka lokasi bencana.*** Handa