WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Upacara Poé Bela Negara Ka-77 Digelar di Taman Pasanggrahan Padjadjaran Purwakarta

Upacara Poé Bela Negara Ka-77 Digelar di Taman Pasanggrahan Padjadjaran Purwakarta Purwakarta – WSO Dina raraga miéling Poé Bela Negara Ka-...

CAMPALA MEDAR

"Urang Sunda kudu reueus kana karuhun. Ti Salakanagara nepi ka Pajajaran, Sunda geus ngawangun peradaban Nusantara. Jaga budaya, hirupkeun warisan pikeun generasi kiwari.” #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

GÉDONG DEWAN PURWAKARTA : Branding "Nyi Pohaci" Aksen Milangkala Kota/Kabupatén Purwakarta


Branding "Nyi Pohaci"
Aksen Milangkala Kota/Kabupatén  Purwakarta

GÉDONG DEWAN PURWAKARTA – Warta Sunda Onliné,

T
ADI isuk, Saptu (20/7) parantos dilumangsungkeun Paripurna Istimewa DPRD Kabupatén Purwakarta, masih dina raraga saniskara kagiatan Milangkala ka-188 Kota Purwakarta sareng Milangkala ka-51 Kabupatén Purwakarta nu témana ngeunaan : Purwakarta Nyi Pohaci Festival 2019. 

Ratusan undangan minuhan korsi nu geus disiapkeun ku panatacalagara keur nyaksian Puncak Acara Milangkala ka-188 Kota Purwakarta sareng Milangkala ka-51 Kabupatén Purwakarta. Kajaba tamu tatangga kota/kabupatén sa-Jawa Barat hadir.
Dina biantarana Ketua DPRD Kabupatén Purwakarta, Sarif Hidayat macakeun Lintasan Sejarah Purwakarta  ti mimiti Sindang Kasih cikal bakalna Purwakarta nepika Jadi Kabupatén Purwakarta.
Dina kasempetan éta ogé, Bupati Purwakarta, Hj. Anne Ratna Mustika, ngahaturkeun rewu-rewu nuhun ka sakabéh elemen masarakat nu parantos mercantekeun sim kuring dina mupuhuan daérah. Ku kituna neda pidu’ana pikeun ngamajengkeun ngolah nagri keur ka ngajelaskeun yén branding Purwakarta taun 2019 ngangkat harkat dunya pertanian. Lain ngaagungkeun katokohan, tapi para petani pikeun ngajaga aréal pasawahan nu hampir kalindih ku pabrik.
Sedengkeun acara rapat Paripurna HUT Purwakarta di DPRD Purwakarta dihadiran ku sjumlah Muspida, Anggota DPRD, OPD, Perangkat Désa jeung tokoh masarakat Purwakarta masih dina rinnéka milangkala.***




Subscribe to receive free email updates: