WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Upacara Poé Bela Negara Ka-77 Digelar di Taman Pasanggrahan Padjadjaran Purwakarta

Upacara Poé Bela Negara Ka-77 Digelar di Taman Pasanggrahan Padjadjaran Purwakarta Purwakarta – WSO Dina raraga miéling Poé Bela Negara Ka-...

CAMPALA MEDAR

"Urang Sunda kudu reueus kana karuhun. Ti Salakanagara nepi ka Pajajaran, Sunda geus ngawangun peradaban Nusantara. Jaga budaya, hirupkeun warisan pikeun generasi kiwari.” #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

Prosa Mini (Godi Suwarna) : I M I S S Y O U

Prosa Mini
👽 I M I S S Y O U
~~~~~~~~~~~~~~~☠️
🥀
Keur uleng wé mencrong TV. Lalajo warta kapal udara nu murag peuting kamari. Jelema nu pabaliut. Ruruntuk kapal nu ngabebela. Ambulan parulang-anting. Keur kitu, HP disada. Tanda aya SMS nu asup. Nomerna anèh. Dibaca.
🥀
“Halo, aku Jasmine! Masih ingatkah? I Miss You!” cénah. Gusti. Jasmine? Mojang Bérlin nu moal kapopohokeun. Geulisna. Soméahna. Gasik ngetik walonan. “Tentu saja saya ingat. Lagi apa di manakah? I Miss You!” Walonan dikirimkeun.
🥀
Haté ujug-ujug aléwoh. Warna-warni panineungan kumalangkang. Bruh-brèh sagala rupana. Teu lila, HP disada deui. Walonan ti Jasmine. “Aku otw ke rumahmu. I Miss You!” Hah? Nyaan kitu? Aya bagja. Aya geumpeur. Pagaliwota.
🥀
Tungtungna ngajémprak di tepas. Ngahuhuleng. Umat-imut. Jasmine. Kungsi deukeut. Kungsi geugeut. Di hiji dayeuh nu keur sumedeng midang. Musim panas. Tilu taun ka tukang. Kari-kari rék nepungan. Duh.
🥀
Lamunan kapegat ku sora HP. SMS ti Jasmine: “Begini, kapalku meledak. Aku terbakar. Hangus. Tapi aku ingin sekali ketemu kamu. Tralaaa, aku dataaang! I Miss You!”
🥀
Jam buhun disada dualas kali. Angin ujug-ujug ngahiuk. Hordéng endag-endagan. Bau beuleum daging tutung. Nyelengseng. Nu keketrok kana jandéla. Lir nu gegedor kana jajantung. Gustiii…
~~~🥀👽🥀~~~

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Prosa Mini (Godi Suwarna) : I M I S S Y O U"

Posting Komentar