WARTA TI SUKASARI : Puluhan Mobil Ambulance Désa di-Lounchingkeun ku Bupati di Sukasari
Puluhan
Mobil Ambulance Désa
di-Lounchingkeun
ku Bupati di Sukasari
SUKASARI – Warta Sunda Onliné,
|
K
|
ulantaran
gedé kanyaahna sapintas mah jiga nu tegaan, kitu deui jeung kawijakan Kang Dedi
Mulyadi waktu jadi Pupuhu Purwakarta. Ari ayeuna warga masarakat Purwakarta nu
aya dilembur atawa dikota ka suklak-ka siklukna kiwari ngarasa barungah kusabab
dilingkunganana sewang-sewangan mibanda Mobil Ambulance.
“Rék teu bungah ku maha atuh. Mobil
layanan keur kapentingan urgent di
unggal désa ayeuna mah geus nyampak bisa dipaké. Malah mandar kandaraannana ogé
hebring. Mobil bodas nu dilengkepan fasilitas kasehatan kumplit. Nalika dina
waktuna masarakat merlukeun, kajaba teu artosna pas-pasan. Sedengkeun nu gering
mah kedah enggal dirawat pon kitu deui kaayaan teu ngadukung boh alatan kusabab
teu boga duit atawa hese mobil nu bisa disewa, éta mobil ambulance kacida gedé jeung
loba mangpaatna keur kapentingan warga masarakat Purwakarta.
Ku kituna, poé Rebo, (26/6) di
Kecamatan Sukasari, mobil ambulance ngaleut-ngabandaleut muru buruan Kantor
Kecamatan Sukasari. Harita mah dilunchingkeun
ku Bupati, Hj. Anné Ratna Mustika.
Dina biantarana Hj. Hj. Anné
Ratna Mustika peupeujeuhna sangkan mobil ambulance désa téh dirawat kalayan
dari. Malah mandar ieu mobil ambulance tiasa dianggo sakumaha mistina, hususna
kaum hawa nu nuju kakandungan pikeun ngurangan tilar dunyana ibu jeung anak. Pon
kitu deui keur kapentingan nu urgent nu
séjénna.
Kajaba ti éta, sacara resmi mobil
siaga désa téh tiasa beroperasi. Luyu
sareng jumlah kelurahan jeung désa nu aya di Purwakarta jumlahna 183 désa. “Kalih
ti éta mobil siaga désa (mobil ambulance désa) téh diaranan "Kidang
Kawelas Joss", nu visi jeung misina keur antar jemput masarakat nu meryogikeun
layanan kasehatan di unggal désa sewang-sewangan. Pon kitu deui ngadeukeutkeun
antara pihak désa sareng warga masarakat tur mempercepat layanan kasehatan warga masarakat.” Pokna Ambu Anné nu
biasa disebat.
Inyana ogé, “peupeujeuh mun mobil
ambulance désa éta teu dianggo sakumaha mistina tiasa laporkeun ka sim kuring,
nya!!!
Dina kasempetan éta ogé
perwakilan pihak désa, nyatana H. Endis Kepala Désa Karoya Kecamatan Tegalwaru,
Inyana ngarasa reueus ku ayana perhatian anu serius pihak pamaréntah nu milu
mikanyaan ka wargana hususna pikeun ngurangan angka tilar dunya akibat teu
kalayanan ka rumah sakit. Tapi ayana mobil siaga di désa tiasa langkung tanggap
keur ngawulaan warga masarakat nu meryogikeun pelayanan kesehatan.
Lain halna deui ceuk wawakil
warga masarakat di wewengkon Sukasari, Ibu Pupun (42) bungah amarwatasuta ayana
layanan prima mobil siaga désa. Keur mah di wewengkon sim kuring di lembur Wangun
Désa Parungbanténg Kecamatan Sukasari, nu ayeuna kondisi patalimarga geus tiasa
dilewatan ku mobil. Béda pisan jeung sababaraha taun katukang apal mobil téh
ngan ukur dina televisi komo tv harita mah hitam-putih. Tapi ayeuna geus nampeu
payuneun bumi. Ku kituna mobil ambulance désa janten layanan kasehatan.*** Anto
S.



0 Response to "WARTA TI SUKASARI : Puluhan Mobil Ambulance Désa di-Lounchingkeun ku Bupati di Sukasari"
Posting Komentar