PELESIRAN, KANDAGA BUDAYA SUNDA : Seni Genyé Milu Aub Ngareuah-reuah Milangkala Ciamis
Sumber: Tim Bidik Budaya Purwakarta
CIAMIS – Warta Sunda Onliné.
|
K
|
esenian Genyé ngarupakeun kréasi seni anyar nu
diciptakeun ku para seniman-seniman Purwakarta. Genyé téh singketan tina “Gerak
Nyéré”, nyaéta badawang nu leuwih mirip bebegig. Genyé dijieunna tina rupa-rupaning
barang jeung alat saperti ayakan, sapu lidi (nyéré), anyaman daun pandan katut anyaman
nu ngaruumbay, sapu injuk atawa songkét, jeung nu lain-lainna. Barang-barang
éta disusun kalayan ngawujud saperti bebegig. Ti mimiti sirah, buuk, lélér, taktak,
awak, leungeun, jeung bujur.
Tapi bagian
tina sirahna mah maké ayakan leutik, sedengkeun buukna tina dari sapu nyéré
atawa sapu injuk. Awakna (bagian beuteung) dijieun tina ayakan nu leuwih gedé
tibatan sirah. Bagian cangképing ggangnya bahanna ti sapu jeung anyaman bagian
handapna ngahaja dirumbaikeun mirip jeung anderok awéwé.
Sedengkeun
leungeun jeung ramo-ramona masih tina sapu paré (merang) nu diberé gagang nu
mirip jeung tuding wayang golék atawa wayang kulit. Ngarah ajeg, bagian-bagian
anggota tubuh nu lainna ti tukang disangga ku saleunjeur awi ngarah ajeg tur
sampurna.
Penyangga
éta téh sakaligus fungsina mah ngarah kuat tonggong pamaén nalika keuur
dipintonkeun. Pon kitu deui, nalika genyé geus ditalian kana tonggong salah
saurang pamaénna, dirina katingali leuwih jangkung ti para pamaén nu lianna. Disagedengeun
éta, bagian tina leungeun genyé nu ucang-ucangan (berjuntai) dimaénkeun layakna
saperti sedemikian rupa agar kelihatan seperti keur nari.
Dina hal
ieu mah, yén seni Genyé téh pesan moralna sangkan urang peduli kana kabersihan
lingkungan. Genyé ogé properti anyar nu khusus keur kepentingan arak-arakan. Malah
mandar seni Genyé téh diilhaman tina tukang sapu anu ma’nana tina gerakan kudu
bersih tur sehat.
Kasenian
Genyé téh nerapkeun konsep arak-arakan nu leuwih rongkah. Kajaba personil na ogé
ti Rahayat Nyéré, Prajurit Nyéré, Raja Nyéré, barudak leutik nepika nu ngawaditraanna
gé, musikna nuansa sunda nu atraktif.
Tina pintonan
dina karnaval yén kasenian genyé sok babarengan jeung manusa taneuh (tanah). Saperti
basa kamari Milangkala Kabupatén Ciamis
Ka-377
"GALUH ETHNIC FESTIVAL 2019",
poé Salasa 25 Juni 2019. Kasenian Genyé garapan seniman Purwakarta sapapanjang
talimarga di Kabupatén Ciamis.
Pintonan
jeung kostum kaén karung, sapu nyéré jeung barudak leutik nu saawak-awakna
pinuh ku leutak sawah anjun ngawanohkeun yén Purwakarta nyieunan keramik. Keseniaan
Genyé ogé diiringan musik has Sunda nu sindenna bari hahaleungan lagu-lagu
Sunda nu pinuh ku ma’na.
Lain deui
yén pihak panongton kataji pisan ku pintonan barudak nu pinuh ku leutak sawah
téh, ngan basa ningali kasenian genyé kesanna horor antukna panongton budak
leutik mah sieuneun pisan barirat lalumpatan ngajauhan pintonan kasenian genyé.
Sumber: Tim Bidik Budaya Purwakarta.*** Anto Sukanto.
Katerangan
Poto : Pintonan Kasenian Genyé jeung manusa lumpur


0 Response to "PELESIRAN, KANDAGA BUDAYA SUNDA : Seni Genyé Milu Aub Ngareuah-reuah Milangkala Ciamis"
Posting Komentar