KANDAGA BUDAYA SUNDA, SENI : Sisingaan Masih Kénéh di Minati kunu Boga Hajat
Sisingaan Masih Kénéh di Minati
kunu Boga Hajat
|
M
|
asih
kénéh aya nu milu mikanyaah kana Seni Sunda téh, nya! Saperti halna di Jalan
Pasantrén ayana pintonan arak-arakan Seni Sisingaan nu katelahna éta seni asli
ti Subang. Keur mah ieu seni arang langka ditanggap ku urang, pon kitu deui
urang salaku urang Sunda nu loba ngalolowarakeun kana budaya Sunda.
Dina hal ieu mah, Warta
Sunda Onliné nalika keur ngariung mungpulung alumni STM Prakarya
Internasional (PI) Alumni 91/92 Jurusan Listrik B, di Café Cénghar Kopi di
Jalan Pasantrén No. 131 Cibabat, Cimahi, Jawa Barat, poé Ahad, (30/6).
Kareungeu ti kajauhan suanten nu
ngahaleuangkeun lagu-lagu Sunda tur ngsaleut-ngabandaleut rombongan Sisingaan ari
nu tumpakna téh barudak nu disepitan. Katingal nu tumpak téh
eungkleuk-engkleukan luyu jeung iringan seni bajidoran, ku salasaurang sinden
bari geus kolot nu masih kénéh resep kana seni. Ku kitu pihak nu hajat
dibagéakeun ku sen karuhun Sunda.
“Reugreug lah aya di kota aya
nu milu ngamumulé seni téh, seni nu saperti kitu téh di mumulé ku pihak nu boga
sanggar,” kitu ceuk Jajang warga Jl. Pasantrén RT.02/RW. 16 Cibabat Cimahi
ngawangkong jeung Warta Sunda Onliné.
Lain halna ceuk Hanhan urang
Rancaékék Kabupatén Bandung, di lemburna masih aya kénéh pintonan nu sapert
kitu téh, ngan paling ramé dina bulan haji saperti ayeuna.*** Suhanda


0 Response to "KANDAGA BUDAYA SUNDA, SENI : Sisingaan Masih Kénéh di Minati kunu Boga Hajat"
Posting Komentar