WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Mobil Ambulance terjebak Longsor Cirata Kemarin Soré, BPBD Purwakarta Cepat Tanggap

Mobil Ambulance terjebak Longsor Cirata Kemarin Soré, BPBD Purwakarta Cepat Tanggap Cirata/Purwakarta - WSO Assalamualaikum warahmatullahi w...

CAMPALA MEDAR

"Urang Sunda kudu reueus kana karuhun. Ti Salakanagara nepi ka Pajajaran, Sunda geus ngawangun peradaban Nusantara. Jaga budaya, hirupkeun warisan pikeun generasi kiwari.” #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

KAMANDANG : SISTIM ZONASI NGARUGIKEUN!!!


NYAKOLAKEUN KU SISTIM ZONASI NGARUGIKEUN!!!

S
abenerna ku ayana sistim zonasi dina PPDB ti mimiti SD, SMP Jeung SMA Negeri téh, alus pisan. Jadi euwueuh béda antara sakola - sakola negeri. Da ayana sakola favorit téh kulantaran murid nu kaluar umumna pinunjul. Bisa pinunjul sabab nu asupna ogé pan murid-murid pilihan. Matak pada marebutkeun.... pada hayang asup ka sakola éta. Atuh da kari ngarautan, tinggal ngageulisan ceuk kasarna mah. Umumna nu asup ka sakola favorit pan salian ti pinter, kolotna ngarti jeung boga materi. Atuh... beuki unggul.
Ngan ari keur sorangan mah sistim zonasi téh ngarugikeun sabab kabeneran rorompok jauh kaditu kadieu... sakola pangdeukeutna 1,8 km. Maké jalur préstasi ngan 2,5% deuh... mana ngasupkeun budak sadua-dua. Ka SMP jeung ka SMA mareng. Daftar ka swasta? Da hayang swasta nu alus mah da kudu sayogi artos welasan juta geuning. Atuh lamun duanana ka swasta ampir sarua jeung ONH!
Antukna mah pasrah wé ah sadaya-daya. Da ikhtiar mah atos... ngadu'a mah teu kudu dicaritakeun. Ngan yakin wé naon hasilna éta nu paling alus. Ceuk budak mah "skenario Allah paling baik ibu".***
Kintunan ti pamaos Warta Sunda Onliné nu identitasna alim disebatkeun.


Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "KAMANDANG : SISTIM ZONASI NGARUGIKEUN!!!"

Posting Komentar