WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Upacara Poé Bela Negara Ka-77 Digelar di Taman Pasanggrahan Padjadjaran Purwakarta

Upacara Poé Bela Negara Ka-77 Digelar di Taman Pasanggrahan Padjadjaran Purwakarta Purwakarta – WSO Dina raraga miéling Poé Bela Negara Ka-...

CAMPALA MEDAR

"Urang Sunda kudu reueus kana karuhun. Ti Salakanagara nepi ka Pajajaran, Sunda geus ngawangun peradaban Nusantara. Jaga budaya, hirupkeun warisan pikeun generasi kiwari.” #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

BREAKING NEWS : Geus Kapanggih Layon Muhamad Rizki HF Budak 4 Taun Nu Titeuleum di KJA Citerbang


Geus Kapanggih Layon Muhamad Rizki HF
Budak 4 Taun Nu Titeuleum di KJA Citerbang
SUKATANI – Warta Sunda Onliné
P
ihak Unit SAR 0914 Purwakarta, tadi isuk (28/6) jam 06.30 WIB geus ngaevakuasi budak 4 (opat) taun nu ti teuleum di Waduk Ir H. Juanda atawa Danau Jatiluhur Kabupatén Purwakarta.
Tempat kajadian Perkara (TKP) di aréal Kolam Jaring Apung SA-4 milik H. Unda di wewenkon KJA Zona 5 (Lima) Perairan Danau Jatiluhur Kampung Citerbang Désa Panyindangan Kecamatan Sukatani Kabupatén Purwakarta, -6'32'29'', 107'21'34'' Danau Jatiluhur.
Layon Muhamad Rizki Harsmarul Faroh, langsung dibawa ku pihak keluarga ka Alamat : Kp. Ciakar RT/RW: 08/04 Désa Sukarame Kec. Cikeusal Kabupatén Serang Provinsi Banten rék dikurebkeun.
Kajadian ping poé Rebo, 26 Juni 2019 jam16.30 WIB, layon dua poé kakara kapanggih.
Dina hal ieu mah pihak SAR ngahaturkeun rewu-rewu nuhun kana aténsi staké holder. Muugia Almarhum maotna husnul khotimah. Amin.*** Karyanto Ydoneeyo Ozoz

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "BREAKING NEWS : Geus Kapanggih Layon Muhamad Rizki HF Budak 4 Taun Nu Titeuleum di KJA Citerbang"

Posting Komentar