WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Upacara Poé Bela Negara Ka-77 Digelar di Taman Pasanggrahan Padjadjaran Purwakarta

Upacara Poé Bela Negara Ka-77 Digelar di Taman Pasanggrahan Padjadjaran Purwakarta Purwakarta – WSO Dina raraga miéling Poé Bela Negara Ka-...

CAMPALA MEDAR

"Urang Sunda kudu reueus kana karuhun. Ti Salakanagara nepi ka Pajajaran, Sunda geus ngawangun peradaban Nusantara. Jaga budaya, hirupkeun warisan pikeun generasi kiwari.” #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

Fikmin # Aplikasi VPNnged # - Ku : Gaus Firdaus


Fikmin # Aplikasi VPNnged #
Ku : Gaus Firdaus

KEUR nu hayang disebut pangarang tapi mumungkaleun samodél aing mah, asa ngeunah, ku ayana aplikasi VPNnged téh. Mun rék ngarang, teu perelu ngeueung heula di hamdapeun toren cai, atawa ngahuleng sapeuting jeput di jurueun enggon. Cukup download wé ieu aplikasi, kana HP atawa PC. Siga kieu prak-prakanana.
Buka Alpikasi VPNnged, bray! mangpirang pitur, tinggal ketik eusian atawa klik pilihan. Klik pitur: “Name Writer,” eusian ngaran aing. Klik “Tyfe Prose,” aya tilu pilihan; Fikmin, Short Stories jeung Novels. Aing milih, fikmin. Klik “Theme,” ku aing ditulis, Lebaran. Klil “Language,” rébuang pilihan basa, aing klik milih basa Sunda. Klik deui “Keywords,” aing ngetik; Kolek, kompresor, selop, bajidor, sangu, sireum, simbut, koropak, iblis jeung bajing. Geus kitu mah tinggal klik wé “Enter” teu kungsi nungguan sapanyeupahan ujug barabat wé. Tah siga kieu karangan fikmin hasil aplikasi “Vangarang Pikmin Nu ngedul” téh.
Dibaca, “Naha loba type? Oooh… pitur ‘Cileuh’ teu ka-klik, anjiiir…!”***

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Fikmin # Aplikasi VPNnged # - Ku : Gaus Firdaus"

Posting Komentar