Warta ti Disporaparbud : Ceuk Kepala Disporaparbud : Targetna Otrad (Bakiak, Egrang & Dogongan)
Targetna Otrad (Bakiak, Egrang
& Dogongan)
“Ngukur kamampuhan murid ti
unggal kecamatan geus katémbong dina acara kagiatan Olimpiade Olahraga Siswa Nasional, FLS2N jeung
Invitasi Olahraga Tradisional Tingkat Kabupaten Purwakarta tahun 2019, ping 27
- 28 April 2019. Pikeun milari Siswa Berprestasi ka tingkat Provinsi Jawa
Barat.
Purwakarta – Warta Sunda Onliné,
|
B
|
ARUDAK
Sekolah Dasar (SD) sa-Kabupatén Purwakarta, giat naker. Aratoheun miluan
rupa-rupa kagiatan téh. Saperti harita, di Lapang Purnawarman Kabupatén
Purwakarta murid-murid SD téh hégar marahmay dibarung ku euyah-euyahan
susurakan nyumangetan babaturanana nu keur makalangan.
Kagiatan kawas kitu, ayeuna mah
ngadumaniskeun antara pihak Dinas Pendidikan jeung Dinas Pemuda, Olahraga,
Pariwisata dan Budaya (Disporaparbud) kaasup maneuh. Harita téh, barudak di tiap
kacamatan mariluan Olimpiade Olahraga
Siswa Nasional, FLS2N jeung Invitasi Olahraga Tradisional Tingkat Kabupaten
Purwakarta tahun 2019, ping 27 - 28 April 2019.
Di
Purwakarta, mémang barudak téh biasa mariluan sanisakara kagiatan. Kituna téh,
da éta kagiatan maneuh saban taun. Ari kagiatan naratas dihandap heula. Barudak
téh diabenkeun di tingkat kacamatan nu saterusna sina mariluan di tingkat nu
leuwih luhur, kabupatén, provinsi jeung nasional.
Kagiatan
kawas kitu loba mangpaatna. Barudak bisa ngukur kamampuh sorangan ku cara
ngabandingeun jeung kamampuh babaturanana ti sakola séjén. Ari keur guru mah
éta agiatan téh bisa jadi cara meunteun barudak, pangpangna mah dina sagala
widang.
Saniskara
kagiatan tingkat kabupatén, lumangsung ti tanggal 27 – 28 April 2019. Tempat
pembukaan di buruan Lapang Purnawarman Kabupatén Purwakarta jeung di SDN 7
Sindangkasih Purwakarta.
Barudak
téh sarumanget naker. Atuda, bisa tepung jeung babaturan sakola séjén, sakalian
ngadu jajatén jadi juara, engkéna boga miluan dina kagiatan nu leuwih luhur.
Barudak
nu tandang, mémang meunang milihan guru-guruna ti tingkat kecamatan
masing-masing. Kitu téh luyu jeung pangabisa masing-masing. Dina kagiatan éta
téh, Olimpiade Olahraga Siswa Nasional, FLS2N jeung
Invitasi Olahraga Tradisional.
Nu
mariluan téh ti sakumna SD nu aya di tiap kecamatan. Teu hésé néang patandang
mah, da masing-masing sakola gé nataharkeun ‘para atlit” tianggalna kénéh.
Atuh, dina waktuna téh kari prakna. Kitu ceuk salaksaurang Kepala Sekolah di
Kecamata Cibatu ogé salakaku Ketua K3S Kecamatan, Dasuki, S.Pd ka Warta Sunda Onliné di lokasi acara,
(27/4).
Masih
ceuk Darip nu biasa disebut, “yén Kecamatan Cibatu nyangking Juara 1 Otrad
Dogongan, malihan taun 2018 kamari di Tingkat Provinsi Juara ka-3,
mudah-mudahan taun ayeuna mah tiasa Juara ka-1, piduana tisadayana,” pokna. Kalih
ti éta, Kids Atletik Juara harapan 3 sarta Hadang Juara ka-3.
Lain
halna ceuk Kepala Bidang Olahraga, Drs. Iwan Kartiwan, MM kagiatan ieu téh
hasil karancagéan ti Dinas Pemuda, Olahraga, Pariwisata dan Budaya sareng Dinas
Pendidikan. Kagiatan ieu téh, saprak SOTK na robah nu kawitana lembaga Dinas
Pendidikan, Pemuda & Olahraga, ayeuna misah janten Dinas Pemuda, Olahraga,
Pariwisata dan Budaya. “Sacara teknis Dinas Pendidikan mibanda peserta,
sedengkeun Disporaparbud mah ngamotivasian pikeun tandang di tingkat nu leuwih luhur
hususna dina widang olah raga,” pokna.
Dina
Kasempetan éta ogé, Kepala Dinas Pemuda, Olahraga, Pariwisata dan Budaya
Kabupatén Purwakarta, Agus Hasan nalika ditaros ku Warta Sunda Onliné, inyana
nargetkeun dina widang Olahraga Tradisional téh lomba Bakiak, Dogongan, Egrang
ka Tingkat Provinsi dina bulan Agustus nu bakal datang.
“Samalah dina
kagiatan nu saperti kitu téh, kalintang saéna pikeun para pamilon dina milari
kamampuhan préstasi,” pokna Kadisporaparbud.
Keur
Kecamatan Maniis nu biasa juara widang olah raga, saprak cabang olahraga Voly
jeung Sepakbola teu aya dina lomba di tingkat kabupatén, provinsi jeung
nasional. Pihak Maniis dina kagiatan éta mah teu pati teuing nargetkeun, nu
penting milu aub. Kitu ceuk Nana Supyana salahsaurang kepala sekolah di Maniis
ngajelaskeun ka Warta Sunda Onliné dilokasi acara.
Lain
halna jeung Kecamatan Sukatani, dina cabor Bulu Tangkis Putri di Tingkat Kabupatén
mah geus biasa jadu juara, taun ayeuna juara deui. Nanging targetna mugia
kahontal di Tingkat Provinsi, komo nepika Nasional mah. Kitu ditetelakeun ku
Kepala SDN 2 Malangnengah, Kosasih Soleh ka Warta Sunda Onliné.
Kecamatan
Bojong Élsa Tri Yuniarti pinunjul Solo ti SDN 2 Sindangsari, hasil didikan Pa
Memet Johana, S.Pd pon kitu deui Bulu Tangkis ogé ku Bojong Juara 1 wasta siswana Pandu ti SDN Sukamanah pelatihna Ati Rosputasari, S.Pd kitu nu kasauran Pa Sunadi, S.Pd.
Nurutkeun
data nu dikumpulkeun ku Warta Sunda Onliné, yén saniskara
kagiatan Olimpiade Olahraga Siswa Nasional, FLS2N jeung
Invitasi Olahraga Tradisional Tingkat Kabupaten Purwakarta tahun 2019, ping 27
- 28 April 2019 nu jadi juara téh aya rekapanana sapertos dina hasil
rekapa ti panitia. *** Anto Sukanto.



0 Response to "Warta ti Disporaparbud : Ceuk Kepala Disporaparbud : Targetna Otrad (Bakiak, Egrang & Dogongan)"
Posting Komentar