WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

30 Alumni SMPN Satap Terpadu Linggarsari Plered Gelar Silaturahmi dan Bhakti Sosial, Kenang Jasa Guru

30 Alumni SMPN Satap Terpadu Linggarsari Plered Gelar Silaturahmi dan Bhakti Sosial, Kenang Jasa Guru Purwakarta – Warta Sunda Online (WSO) ...

CAMPALA MEDAR

"Urang Sunda kudu reueus kana karuhun. Ti Salakanagara nepi ka Pajajaran, Sunda geus ngawangun peradaban Nusantara. Jaga budaya, hirupkeun warisan pikeun generasi kiwari.” #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

Bewara : Sekretariat Pangauban Kawih Sunda Sekar Kawinayaan

Assalamu'alaikum, Wr. Wb. Sampurasun!
Dina raraga ngabantos marurangkalih SD, SMP, SMA, SMK miwah Bapa sareng Ibu Guru anu kaleresan teu kagungan katiasa dina widang Pupuh sareng Kawih Sunda, kalebet masarakat ogè saha waè, komo deui saupami di sakola teu kagungan Pelatih anu disèwa ti luar sakola, mangga dihaturanan sumping kanggo sasarengan latihan di Pangauban Kawih Sunda _*Sekar Kawinayan*_ Purwakarta, anu dilaksanakeun rutin tiap dinten Saptu ti tabuh 10.00 dugi ka tabuh 14.00.
Mangga dihaturanan sumping ènjing Saptu, 6 April 2019 di rorompok. (alamat aya di handap, kalebet pituduh ngalangkungan google map, kantun dibuka waè)
Kanggo konsumsi, buku pupuh, ogè buku kawih, mangga nyarandak waè sèwang-sèwangan.
Anu peryogi mp3 sareng  minus one kawih/Pupuh Sunda, tiasa nyandak Plash Disk, nyakitu deui anu nyandak SPPD, Insya Allah tiasa divisum, kumargi sanggar seni sim kuring tos _*Berbadan Hukum, aya Stempel, Akta Notaris sareng SK Kemenhum na*_
LATIHAN TEU KEDAH MAYAR ALIAS HARATIS, TEU AYA PUNGUTAN BIAYA NANAON.
INSYA ALLAH BAKAL AYA MANGFAATNA, UTAMI KANGGO MAYUNAN PASANGGIRI, SUPADOS TEU DUDUK-DADAK LATIHAN.
MANGGA DIANTOS KASUMPINGANANA!.
Hatur nuhun kana perhatosanana. Salam baktos ka sasayana. Htr nhn. (Pupuhu-Ade S)
_*Alamat latihan:*_
_*Rumah:*_
Kp. Karangsari RT 08 RW 08 Desa Citalang Kecamatan/Kabupatèn Purwakarta. 41111.
_*Google Map:*_
Sekretariat Pangauban Kawih Sunda "Sekar Kawinayan"
Citalang, Kec. Purwakarta, Kabupatèn Purwakarta, Jawa Barat.
https://maps.app.goo.gl/BtZk5

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Bewara : Sekretariat Pangauban Kawih Sunda Sekar Kawinayaan"

Posting Komentar