BENTANG TAMU, NGIPUK SIRUNG, KEMBANG KATRESNA, : Néng Tsani Rék Ngajomantara Kana Dunya Model Cilik
Néng Tsani Rék Ngajomantara Kana Dunya Model Cilik
JATILUHUR – Warta Sunda Onliné
K
|
APARIGELAN
kagiatan ekstrakurikuler di luar sakola éstuning teu kurang-kurang bakat nu
nyampak dina diri barudak nyangking préstasi. Kaparigelanana éstu pujieun tur
pikareueuseun. Kamonésanana, lian ti mangpaat keur diri pribadina, teu
kurang-kurang nu geus ngagelarkeun préstasi, nyambungkeun wawangina, lain baé
keur diri jeung kulawargana, tapi ogé pikeun masarakat katut bangsana.
Néng Tsani Iklima Aulia, mojang alit kalahiran Purwakarta, 4 Desember 2010,
hiji diantara para nonoman Sunda pikareueu-seun. Putra bungsu tina sadulur
pasangan ti Bapa Yudi Sopyan sareng Mira Maryana téh, kiwari keur
sumanget-sumangetna nganteur karesep jeung pangabisa dina widang seni tari
hususna ngibing Jaipongan tur seni model cilik.
Nilik tina didikan nu janten
orangtua na yén Néng Tsani téh, sadidintenna di bumina tara ka mamana, malahan
sok rajin ngapalkeun tur marawisan jeung nu janten rakana (Cép Awal Fatur
Arizki siswa SDN 1 Bunder Kelas 4). Memang pasangan Yudi jeung Mira Maryana
mah, mibanda murangkalih anu sajogo putra-putri kajaba kasep tur geulis. Ieu nandakeun
ka Agungan Alloh SWT. Ku kituna, “Biangna, Mira Maryana, teu petot-petot
ngawasan dua urang putra-putrina pikeun jadi murangkalih anu soléh-soléhah.”
Si Enéng campernik nu ayeuna
sakola di kelas II, SD Negeri 1 Bunder, Kecamatan Jatiluhur téh geus bisa
némbongkeun bakat jeung préstasina. Lian ti resep nari, Néng Tsani nu biasa
disebat ogé geus katémbong dina unjuk kabisana, malah mun tiap mintonkeun
kabisana asa geus biasa teu eraan. Padahal umurna kakara 9 taun, tapi basa Warta Sunda Onliné (WSO) ngawangkong
sareng nu jadi murangkalihna dibumina di Kampung Salaeurih RT.16 / RW.05 Désa
Bunder Kecamatan Jatiluhur Kabupatén Purwakarta dina wangkonganana teu nyirikeun
jiga jeung budak leutik. Malah ditanya ngalor ngidul bisa nyambung layakna
rumaja.
Dina waktu can lila ieu, Néng
Tsani nu cita-citana hoyong janten bidan téh unjuk pangabisa tina Kagiatan evaluasi Sanggar Seni Kania Kancana nu
digelar salila sapoé di Kampung Émpang Salaeurih Kecamatan Jatiluhur, Kabupatén
Purwakarta, Jawa Barat, Indonésia, poé Ahad (24/3). Malahan nepika janten
pinunjul ka-4 Jaipongan solo tur Juara ka-1 Rampak Jaipongan. Kitu ceuk Mira Maryana ka WSO di bumina poé Kemis, (28/3).
Mira nambahkeun, yén murangkalihna téh pinter
jaipongan nilik tina nu janten uyutna Aay (Alm) basa keur jeneng téh, miwarang
diarahkeun kana seni jaipongan. “Nya, ti keur can sakola, Néng Tsani
dilebetkeun ka Sanggar Seni Kania Kancana nu teu tebih ti bumina,” pokna.
“Alhamdulillah, geuning ari nu jadi sepuh mah saciduh
metu nu janten murangkalihna lebet ka sanggar tari téh, katingalna gumbira.
Malah mandar babari nyerep élmu kana dunya tari, komo baring jeung kenging
juara. Éta nu janten kareueus keur kulawarga hususna ka uyutna nu parantos
ngarahkeun kana dunya nari.” Pokna Mira.
Kajaba ti éta, kiwari Néng Tsani jadi model cilik di salah sahiji Photografer Maker
Purwakarta jeung Wonder Full Purwakarta, poto-poto Néng Tsani janten model
cilik. Anapon kitu Butik Peach milih Néng Tsani salah sahiji butik nu aya di
Purwakarta kenging job dina busana butik. Dina témana : “Energic, Ceria penuh semangat dan Bertalenta”. “Éta jadi kareueus
keur sim kuring, yén Néng Tsani sanaos alit kénéh aya pihak nu milu aub dina
ngembangkeun poto model,” pokna sepuhna Tsani.
Lain deui ceuk A.Iki, (pihak Maker Purwakarta) basa
dipénta kamandangna ngaliwatan WhatsApp, inyana ngajelaskeun yén Néng Tsani
murangkalih anu multi talénta (sagala bisa), komo dina dunya model ogé geus
katingal bakatna. Anapon kitu kana widang dunya pamera film tangtu geus katémbong
bakatna. Henteu kawas budak anu séjénna. Malihan Néng Tsani teu isinan. Éta téh
janten ladang keur ngundeur préstasi nu geus aya bakat tingal ngarahkeun,” pokna
A.Iki.
Sedengkeun ceuk Pupuhu
Sanggar Seni Kania Kancana, Irma Susanti, S.Pd, M.Pd, ningali anak didikna
hususna ka Néng Tsani ieu janten aset keur tandang makalangan dina kagiatan
lomba-lomba nu diayakeun ku pihak Kabupatén Purwakarta dina widang seni tari.
Malah janten kareueus keur sanggarna mibanda potensi bakat kana seni tari nu
milu ngamumulé tur ngamekarkeun seni tari ka para nonoman dina era milenia.
Basa pihak Kasi
Dokumentasi & Ananlisis Disporaparbud Kabupatén Purwakarta, Abi Jawahir
basa dipenta kamandangna ngeunaan Néng Tsani dina mintonkeun rampak jaipongan
tiasa janten niley jual. Kukituna ieu tiasa dipintonkeun di tempat kuliner nu
kiwari keur dilola pikeun naris simpatik para pangunjung nu jadi target 4 juta
urang dina taun 2019 ieu. Pihakna miharep ka Sanggar Seni Kania Kancana, dina
tiap liburan barudak didikna tiasa marintonkeun unjuk kabisana,” pokna.
Ceuk Praktisi
Seni Pasawahan Purwakarta anu ngagabung di lingkung Sanggar Seni Kania
Kancana, Abah Encar ngarasa reueus para nonoman nu milu aub dina seni-seni
saperti Néng Tsani, pibakateunana mah geus aya tinggal jam terbang dina
pintonan lomba-lomba kedah langkung euyeub pikeun conto ka barudak sausina.
Lain deui ceuk Guruna
nyatana Eva Rosdiana, S.Pd.I, Néng
Tsani téh disakola murangkalih anu lincah, calakan tos ka témbong dina seni.
Kulantaran disakolana mah yén siswa kelas 2 SD can tiasa diajak kana saniskara
kagiatan nu dilombakeun di sakola. “Mugia dina taun payun nalika Néng Tsani
kelas 3 mah, Insya Alloh tiasa kacandak kana unggal kagiatan atawa
lomba-lomba,” Pokna Eva.
Ari ceuk Kepala SD Negeri 1 Bunder, Susi Susmiati, S.Pd, M.Pd ningali anak
didikna pinter jaipogan téh, bisa janten aset keur dina mapag lomba saperti Festival
dan Lomba Seni Siswa Nasional (FLS2N). “Ayeuna tos gaduh duta keur makalangan.
Anapon kitu deui, disakola seueur siswa-siswa nu mibanda bakat sapertos Néng
Tsani téh,” pokna Ibu Kasek SDN 1 Bunder.*** Anto Sukanto.



0 Response to "BENTANG TAMU, NGIPUK SIRUNG, KEMBANG KATRESNA, : Néng Tsani Rék Ngajomantara Kana Dunya Model Cilik"
Posting Komentar