WARTA TI TEGALWARU : Ceuk Ketua PD II PGRI Purwakarta : Ciri Kaprofesional Guru “Ngabdi ka Lemah Cai”

Ciri
Kaprofesional Guru “Ngabdi ka Lemah Cai”
TEGALWARU – Warta Sunda Onliné,
|
2
|
3
Maret 2019 keur Ade Solihin, S.Pd, M.Pd ngarupakeun titimangsa keur nanjeurkeun
ajén-inajén guru-guru di Kecamatan Tegalwaru nu aya dina beungkeutan Persatuan
Guru Republik Indonésia (PGRI). Hasil kapercantenan ti para anggota PGRI Cabang
Tegalwaru kamari parantos ngalaksanakeun kagiatan Konferensi Cabang (Konfercab)
Tegalwaru masa bhakti 2019-2023.
Pihak Ketua PD II PGRI
Kabupatén Purwakarta, H. Rasmita NS, S.Pd, M.Pd dina biantarana ngahaturkeun
rewu-rewu nuhun ka Pangurus nu heubeul nu parantos babakti dina merjoangkeun
PGRI di wewengkon Kecamatan Tegalwaru. Kajaba ayeuna pupuhuna nu masih kénéh
gress kalayan dipercaya ku anggota. Ieu téh, kalintang luar biasana ku
kapercanten anggota PGRI Tegalwaru.
Dina kasempetan éta ogé H.
Judin, S.Pd, M.Pd salaku sesepuh di wewengkon Kecamatan Tegalwaru, inyana
miharep tina hasil konfercab ieu téh tiasa masihan kontribusi anu hadé pikeun
kamajengan dunya atikan di Kabupatén Purwakarta.
Ku kituna, ajén-inajén
dilingkungan PGRI sacara kaorganisasian ku kaprofesinal guru. Dina hal ieu mah,
yén salaku guru tangtu komitmen dina tugas jeung fungsi nu leuwih hadé babakti
ka lemah cai.
Pikeun jadi guru anu profesionaléta
téh, yén guru kudu mibanda komitmen jeung integritas nu gedé sarta daékan dina
ngaronjatkeun kompetensi dirina pikeun leuwih ngagali kaélmuanana.

Kajaba ki tu. “Organisasi PGRI kudu
bisa mediasi, memfasilitasi
anggota-anggotana pikeun merjuangkeun dina sagala widang hususna dina
ngaraharjakeun organisasi keur para anggotana. Anapon kitu para guru kudu siap
dina nyanghareupan mekarna jaman tehnologi IT nu mawa pangaruh ka para peserta
didik di era milinea. Ku kituna para guru entong nepi ka éléhkeun ku para
peserta didik, malahan kudu bisa leuwih unggul dina ngamangpaatkeun tehnologi
IT di jaman éra digital.”
“Tapi mun geus boga modal dina
ngamangpaatkeun tehnologi, tangtu bisa ngarahkeun para siswana kana kagiatan
positif, engkéna moal ka jurumus kana pangaruh negatif tina mekarna tehnologi,”
pokna H. Judin.
Nurutkeun data nu dikumpulkeun
ku redaksi yén hasil keonfercab PGRI Tegalwaru ieu téh, bakal calonna aya kana
tilu urang, tapi ari rék derna mah dua urang ngundurkeun diri diantarana bakal
calon éta téh : Salim, S.Pd (Kepala SD-SMP Negeri Satap Terpadu 1 Cadassari
sarta Adé Budiman, S.Pd (Kepala SD-SMP Negeri Satap Terpadu 2 Pasanggrahan).
Sedengkeun ayeuna nu jadi pupuhu PGRI Cabang Tegalwaru nyatana Adé Solihi,
S.Pd, M.Pd.*** Anto S


0 Response to "WARTA TI TEGALWARU : Ceuk Ketua PD II PGRI Purwakarta : Ciri Kaprofesional Guru “Ngabdi ka Lemah Cai”"
Posting Komentar