WARTA ATIKAN TI PASAWAHAN : SDN Pasawahan Kidul Keur dipeunteun ku DPC PERSAGI Kabupatén
SDN
Pasawahan Kidul
Keur
dipeunteun
ku DPC PERSAGI Kabupatén
“Pikeun ngaantipasi angka
STUNTING zona merah di Purwakarta, pihak DPC Persagi ngayakeun kagiatan Lomba
Bekal Sehat dan Edukasi Gizi ka unggal sakola. Ngan sakola dilingkungan Ponpes
can kageroh, alatan kakirangan waragad.”
PASAWAHAN – Warta Sunda Onliné,
M
|
asih dina
raraga Hari Gizi Nasional Ke-59 Tahun 2019 Dewan Pimpinan Cabang (DPC)
Persatuan Ahli Gizi (Persagi) Kabupatén Purwakarta geus magelareun kagiatan di
SDN Pasawahan Kidul, Kacamatan Pasawahan Kabupatén Purwakarta, Poé Salasa (11
Maret 2019). Samalah, salahsahiji program kagiatanna ngeunaan Lomba Bekal Sehat
dan Edukasi Gizi nu jéjérna nitenan peserta didik dina mawa bekel ka sakola nu bergizi.
Dina
hal ieu mah, 10 (sapuluh) urang tim Persagi turun langsung pikeun nyaksenan
sakola nu ditunjuk salaku Sekolah Sehat nu dibarengan Perwakilan Tim PKK
Kabupatén Purwakarta.
Dina
uar pangajak Ketua DPC Persagi Kabupatén
Purwakarta, Ahmad Yani, S.Gz., M.KM., RD. Ka Warta Sunda Onliné (WSO) ngabejerbéaskeun tujuanna. Pikeun
ngaantisipasi Tumbuh kembang anak dan
Penanggulangan STUNTING (gagal tumbuh) nyaéta asupan makanan gizi yang tidak sehat. “Keur mah di Kabupatén
Purwakarta, angka stunting nunjukeun kirang langkung kana 7 pérsén nu rata umur
budak antara 2 taun nepi ka 5 taunna. Ku kituna, ieu salah sahijina tarékah
jeung patéah Persagi dina mantau langsung ka perwakilan sakola di Kabupatén
Purwakarta, salah sahijina di SDN Pasawahan Kidul,” pokna Ahmad Yani.
Kajaba
ti ngayakeun pencerahan ka para peserta didik ogé, masihan kaélmuan ka
guru-guru di SDN Pasawahan Kidul, dina pentingna merhatikeun kadaharan anu bergizi tur sehat. Pon kitu deui,
pihakna gawé bareng jeung perwakilan Tim PKK ngayakeun Lomba Bekal Sehat dan
Edukasi Gizi.
Pihakna
mairan pamilon peserta didik nu dibarengan ku orangtuana sewang-sewangan,
dimana dina mawa bekel ka sakolana téh, dipairan tur dipeunteun mana-mana waé
pamilon nu mawa bekel anu bergizi tur sehat.
Lian
ti éta, para peserta didik SDN Pasawahan Kidul diwanohkeun kadaharan anu sehat
tur bergizi nu dipandu langsung ku Tim Persagi. “Malah mandar barudakna ogé
dipasihan bolpoint minangka uar pangajak Persagi ka barudak ti kelas hiji nepi
ka kelas genep, dina raraga keur ngamotivasian barudak neda katuangan anu sehat
tur bergizi,” pokna Ketua Persagi.
Ahmad
Yani, nambahkeun yén pihakna bisa ngayakeun kagiatan nu saperti kitu téh,
inyana saparakanca iuran pikeun nyukseskeun kagiatan ngungkulan angka stunting
di Purwakarta, anapon kitu dibantu ku pihak Rumah Sakit, klinik jeung institusi
pendidikan nu aya pakuat-pakait kana ahli gizi.
Lain
deui nu kasauran Guru UKS SDN Pasawahan Kidul, Fitria Maélani, S.Pd, yén
kagiatan nu saperti kitu téh, inyana kantos dibekelan ku pihak provinsi
sawatara waktu katukang ngalewatan Balai Kesehatan Olahan Masyarakat (BKOM) di
Bandung dina workshop salila dua poé.
“Geus
tangtu kaélmuan ti BKOM téh diaplikasikeun ka peserta didik nu diabntus ku
guru-guru kelasna katut guru olahraga. Samalah inyana dibekelan kaélmuan atawa
matéri diantarana ngeunaan kebugaran
jasmani, gerakan masyarakat hirup sehat (germas) pon kitu deui ngeunaan
kadaharan anu sehat tur bergizi,” pokna.
Disagedengeun
éta, para peserta didik tiap jam istirahat jam 10-an salila 10 menit sok
ngayakeun peregangan ku cara tétémbangan saperti contona “Aku Anak Sehat” bari
jeung sakabéh awak digerakeun kalayan tetembangan. Para peserta didik ieu téh
dipandu ku guru kelasna masing-masing, pon kitu deui guru olahragana sami mawon
ngadumaniskeun ngayakeun peregangan tubuh.” Kitu ceuk Fitria ka WSO.
Dina
kasempetan éta ogé Kepala SDN Pasawahan Kidul Kecamatan Pasawahan, Ai Jubaédah,
S.Pd, inyana ngabenerkeun ungkara-ungkara diluhur. Samalah lian ti ayana
kagiatan ku pihak Tim Persagi ieu téh, yén sakolana kantos kenging kapinujulan
dina lomba sekolah Sehat juara ka-II di Tingkat Kabupatén Purwakarta. “Janten,
sakolana ayan dongdonan ti pihak Tim Persagi jeung Tim PKK Kabupatén
Purwakarta, kalintang reueusna. Lantaran sakola nu dipingpin ti taun 2017 téh,
ayana perhatian anu serius ku pihak terkait, kalebet ayana Lomba Bekal Sehat
dan Edukasi Gizi ieu”.
Inyana
saparakanca katut orang tua siswa geus biasa dina pembiasaan barudak dina mawa
bekel anu sehat, ngan ari dititén langsung ku ahlina mah, dina peupeujeuh ka
pihak sakola tur orang tua siswana téh, tong jor-joran dina ngasumsi makanan
siap saji anu dikemas ku pihak pabrik diantarana mie, nuget, sosis jeung
minuman-minuman kaléng tur minuman kemasan sachet.
Dina
lolongkrang waktu Warta Sunda Onliné, ngawawancaraan dua urang perwakilan orang
tua siswa, nyaéta Désiana nu dabrengan ku Siti A (mamahna) Siswa Kelas 5-A
nalika budakna mawa belek tur dilombakeun dina kagiatan ieu téh, ngarasa reueus
jadi leuwih apal dina menyajikan makanan anu sehat tur bergizi, malahan tong
masihan bekel katuangeun kemasan pabrik saperti mie, nuget jeung nu lainna. Pon
kitu deui Siswa Kelas I-A Sakinah Bérlian (Mamahna Dian Amélia) keur nyajikeun
katuangeun anu sehat.
Nurutkeun
data nu dikumpulkeun ku WSO, yén
jumlah siswa SDN Pasawahan Kidul aya kana 429 urang katut 24 urang guru dipasihan
kaélmuan ku pihak DPC Persagi Kabupatén Purwakarta ngeunaan Tumbuh kembang anak dan Penanggulangan
STUNTING (gagal tumbuh) nyaéta asupan
makanan gizi yang tidak sehat nu dibantos ku tilu urang tim nu meunteun diantarana
dua urang Perwakilan Tim PKK Kabupatén Purwakarta Ibu. Émalia (Ibu Sekdis
Pendidikan), Yéni Rizal sarta Tim Persagi Kokom, Kumalasari, AMG.*** Anto Sukanto


0 Response to "WARTA ATIKAN TI PASAWAHAN : SDN Pasawahan Kidul Keur dipeunteun ku DPC PERSAGI Kabupatén"
Posting Komentar