WARTA ATIKAN TI PASAWAHAN : Pasawahan Optimis Juara PSSP Tingkat Kabupatén
Pasawahan
Optimis
Juara
PSSP Tingkat Kabupatén
PASAWAHAN – Warta Sunda Onliné,
M
|
ASIH dina
raraga ngareuah-reuah miéling poé basa indung sa-dunya, pihak panatacalagara Poé
Senen, 11 Maret 2019, parantos magelarkeun Pasanggiri Sirung Sunda Pinilih sa-Kecamatan
Pasawahan di SDN 1 Pasawahan, Kecamatan Pasawahan, Kabupatén Purwakarta, Jawa
Barat, Indonésia.
Lantaran pihakna gawé bareng jeung kepala sekolah
katut guru-guruna, sok sanajan persiapan ngan ukur smingguan, tapi optimis
hoyong nyandak piala.
“Malihan, para pamilon nu milu aub téh ti kelas 3 nepika kelas 5, ieu geus dipersiapkeun. Ngan tingal tandang makalangan jeung kecamatan-kecamatan séjén. Para duta di Kecamatan Pasawahan siap makalangan,” pokna Hj. Uum.
Dina kasempetan éta ogé, Ketua K3S ogé Ketua PGRI Cabang Pasawahan, Sirojudin, S.Pd,
ngabenerkeun cariosan Bu. Hj. Uum Onah. Malah pihakna ngahaturkeun rewu-rewu
nuhun ka rengrengan kepala sekolah atut guru-guruna nu parantos ngadeudeul
acara ti mimiti kagiatan O2SN, OSN, Pents PAI, FLS2N, katut nu nembe rengsé téh
Pasanggiri irung Sunda Pinilih, pangorbanan tanaga sareng pikiran katut
waragad, mugia janten motivasi siswa-siswina pikeun nyangking juara.
Nurutkeun data nu dikumpulkeun ku WSO, yén kapinunjulan
para juara Pasanggiri irung Sunda Pinilih ti Kecamatan Pasawahan nu baris
tandang makalangan di Tingkat Kabupatén Purwakarta diantarana : Widang Pupuh Putri Juarana Salsabila ti SDN 2 Kertajaya; Widang
Ngadongéng Putra Juarana Sukma Érlangga
ti SDN 1 Kertajaya; Widang Maca Warta Putri Juarana Resti Amélia ti SDN 2 Cihérang; Widang Maca
& Nulis Aksara Sunda Putra Juarana Arip
R ti SDN Sawah Kulon; Widang Maca & Nulis Aksara Sunda Putri
Juarana Zakiyatul Washilah ti SDN Cidahu; Widang Ngarang Carpon Putri Juarana Firda ti SDN 1 Selaawi;
sarta Widang Ngarang Carpon Putra
Juarana Muhammad Dikri Z ti SDN 1 Selaawi.*** Anto Sukanto.

0 Response to "WARTA ATIKAN TI PASAWAHAN : Pasawahan Optimis Juara PSSP Tingkat Kabupatén"
Posting Komentar