WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU / BINTANG TAMU

Milangkala Ka-84 SMPN 1 Purwakarta, Spensa Ngukir Lalampahan Panjang Atikan jeung Prestasi

Milangkala Ka-84 SMPN 1 Purwakarta, Spensa Ngukir Lalampahan Panjang Atikan jeung Prestasi Purwakarta – Warta Sunda Online ,- Sakola Menenga...

CAMPALA MEDAR

"Urang Sunda kudu reueus kana karuhun. Ti Salakanagara nepi ka Pajajaran, Sunda geus ngawangun peradaban Nusantara. Jaga budaya, hirupkeun warisan pikeun generasi kiwari.” #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

WARTA ATIKAN TI BOJONG - Kecamatan Bojong dina PSSP Tingkat Kabupatén Nargetkeun : Maca Warta, Ngadongéng & Nulis Aksara Sunda


Kecamatan Bojong dina PSSP Tingkat Kabupatén
Nargetkeun : Maca Warta, Ngadongéng & Nulis Aksara Sunda
 
BOJONG – Warta Sunda Onliné,
K
AMELANG tur bangbaluh keur Panitia Sirung Sunda Pinilih Tingkat Kecamatan Bojong, dina mapag tandang Pasanggiri Sirung Sunda Pinilih Tingkat Kabupatén Purwakarta, ahirna aya bongbolongan pikeun ngundeur préstasi di tingkat kabupatén. Malah kiwari para pembinana soson-soson ngabina para juara Pupuh, Maca Sajak, Ngadongéng, Biantara, Mac Warta, Ngarang Carpon jeung Nulis/Maca Aksara Sunda.
Pikeun makalangan di tingkat kabupatén, ceuk Ibu Érna Nurjanah, S.Pd (Guru SDN 1 Cibingbin, Kecamatan Bojong, Purwakarta) ngawangkong jeung Warta Sunda Onliné di kantor UPTD Pendidikan Kecamatan Cibatu, poé Rébo, (6/3), inyana badé nargetkeun 3 (tilu) widang Sirung Sunda Pinilih.
Malah taun-taun katukang, Kecamatan Bojong kantos ka tingkat provinsi Jawa Barat saperto lomba Ngadongéng, Maca Warta, jeung Nulis Aksara Sunda. “Mudah-mudahan taun ayeuna, tilu lomba éta téh tiasa kasangking ku barudak SD Kecamatan Bojong.
Lain deui nu kasauran Kelompok Kerja Kepala Sekolah (K3S) Kecamatan Bojong, Tédi Sutédi, S.Pd, pihakna kasapukan jeung kepala sekolah nu lain pikeun ngiring nyukseskeun panitia dina mapag tandang Pasanggiri Sirung Sunda Pinilih di Tingat Kabupatén Purwakarta nu baris lumangsung ping 19-20 Maret 2019 di Yudistira jeung SMPN 7 Purwakarta.***




Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "WARTA ATIKAN TI BOJONG - Kecamatan Bojong dina PSSP Tingkat Kabupatén Nargetkeun : Maca Warta, Ngadongéng & Nulis Aksara Sunda"

Posting Komentar