#Rampe_Pasundan - Panineungan SPG Negeri Purwakarta


Panineungan SPG Negeri Purwakarta

S
aptu, 02 Maret 2019 aya anu ngalulungsur supaya Nyerenkeun pangantén, nyaéta Bapa Haji Dadang Sunarya.SE. sakulawargi. Henteu bisa nolak pisan, patali sababaraha hal.
Acara walimahan di Gédong Aula UPI Purwakarta. Tabuh 06.30 WIB geus saged dangdan, sabab nurutkeun kana jadwal anu diatur ku panatacalagara hajat.
Bréh, tabuh 07.00 WIB anjog di buruan Gédong Aula UPI KAMPUS Purwakarta. Asa ngadeukeutan panineungan puluhan taun kalarung (1980-2019) jaman ligar lulus SPGN. Purwakarta. Ti prak SPG bubar ganti ku UPI Kampus Purwakarta, kawilang langka ngalanglang ka ieu patempatan. Atuh kacida loba kaayaan nu mantak hookeun. Utamana wangunan kantorna.
Wangunan utama anu heubeul henteu diruag, tapi ukur dipolés digeulisan. Jadi masih kaciri originalitasna wangun baheula. Sakola Normal (SCHOOL NORMAAL).***

Komentar

Postingan Populer