WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

30 Alumni SMPN Satap Terpadu Linggarsari Plered Gelar Silaturahmi dan Bhakti Sosial, Kenang Jasa Guru

30 Alumni SMPN Satap Terpadu Linggarsari Plered Gelar Silaturahmi dan Bhakti Sosial, Kenang Jasa Guru Purwakarta – Warta Sunda Online (WSO) ...

CAMPALA MEDAR

"Urang Sunda kudu reueus kana karuhun. Ti Salakanagara nepi ka Pajajaran, Sunda geus ngawangun peradaban Nusantara. Jaga budaya, hirupkeun warisan pikeun generasi kiwari.” #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

WARTA TI BANDUNG - GOES MAPAY JALAN HIGHWAY PAJAJARAN


GOES MAPAY 
JALAN HIGHWAY PAJAJARAN

BANDUNG – Warta Sunda Onliné,
G
ara-garana mah tina sapédah Kang Bambang "Badil" Subarnas milu mejeng dipotrét jeung Kang Farhan dina acara GURU JOIN di Teras Cikapundung, Bandung. Diteruskeun kana ngawangkong ngalor-ngidul soal sajarah Tatar Sunda, destinasi wisata di Jabar, fenomena goes, jeung sajabana.
Ti baheula cenah Kang Bambang jeung Jang Aép Amad Senjaya hayang ngayakeun acara goes nasional mapay lacak lalampahan Bujangga Manik. Ceuk uing téh asa renced, sabab kudu unggah gunung malipir pasir, anu sulit disorangna ku ngaboseh sapédah. Mending mapay Jalan Highway Pajajaran ti Kawali (Ciamis) nepi ka Batutulis (Bogor).
Jalan anu ngahubungkeun Karajaan Galuh jeung Karajaan Sunda, baheula. Rutena: Kawali (Ciamis) - Talaga (Majalengka) - Sumedang Kaler - Cisalak - Jalancagak - Sagalaherang (Subang) - Wanayasa - Kembang Kuning - Cikao (Purwakarta) - Tanjungpura (Karawang) - Cibarusah (Bekasi) - Batutulis (Bogor).
Sapuk baé, diagendakeun taun ieu. Mudah-mudahan sing lungsur-langsar.
Urang Sunda ulah poho kana sajarahna sorangan. Kudu mindeng diingetan ku cara kekinian. Bisa diwuwuhan ku acara séjén, anu ngawanohkeun budaya lokalna di tempat anu kaliwatan. Jeung sajabana wé.
Istlah jalan "Highway Pajajaran" mimiti diwanohkeun ku Pa Amir Sutaarga.***
(Budi R Tamsyah)

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "WARTA TI BANDUNG - GOES MAPAY JALAN HIGHWAY PAJAJARAN"

Posting Komentar