URUG DEUI DI KP. KRAJAN DÉSA SALAMJAYA PONDOKSALAM



Désa Salamjaya Purwakarta
Kamusibahan Deui Urug jeung Banjir
PONDOKSALAM – Warta Sunda Onliné,
C
urah hujan nu dibarengan jeung angin gedé dina poéan Ahad (13/1) pabeubeurang nepika sore, ngabalukarkeun tebing 5 métér di padumukan Kampung Krajan, RT.08/RW.04 Désa Salamjaya Kecamatan Pondoksalam Kabupatén Purwkarta urug deui.
Musababna tina tebing urug, kajaba hujan gedé ngabalukarkeun di éta wewengkon kabanjiran nepi kana 20 centi métér. Pon kitu deui imah para warga kaasupan cai.
Salahsaurang tokoh Pemuda, Apid negeskeun yén kajadian musibah éta téh nu ngabalukarkeun banjir jeung longsor ngarugikeun warga satempat.
Inyana, miharep sangan Pamaréntah sagancangna méré bantuan nu kakeunaan musibah. Kajaba ti éta, bisa méré bongbolongan sangkkan warga tong nepika ka musibahan deui.
Nurutkeun Apid, ihwal kajadian urug ieu téh geus dua kali, longsor nu kahiji tanggal (27/11-2018) mah nepika aya korban 4 urang tilar dunya jeung imah warga hancur kaurugan.
“Mang hanjakalkeun, ayana longsor dua kali ieu téh. Nepika kamusibahan deui. Alatan hasil tina ngoméan nu kamari nu teu maksimal. Ngabalukarkeun curah hujan teu euwreu-eureun hasil tina swadaya ngoméan nu kaurugan éta téh, nepika urug deui.
Longsor nu kadua ieu téh, ceuk Apid kajadiannana antara jam 17.00 Wib, kukituna warga nu nyicingan i éta padumukan téh kabanjiran. “harepan warga satempat mah, ku kajadian éta sing bisa direlokasi sakumaha mistina.
Dina kasempetan éta, Kapolsek Pasawahan AKP Sutejo,SH ngabenerkeun TKP longsor téh ditempt nu sarua nu kungsi losngsor sababaraha bulan katukang. Malah nepika ayeuna warta tuirun téh can aya laporan ka pihak Kepolisian.***

Komentar

Postingan Populer