WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU / BINTANG TAMU

Milangkala Ka-84 SMPN 1 Purwakarta, Spensa Ngukir Lalampahan Panjang Atikan jeung Prestasi

Milangkala Ka-84 SMPN 1 Purwakarta, Spensa Ngukir Lalampahan Panjang Atikan jeung Prestasi Purwakarta – Warta Sunda Online ,- Sakola Menenga...

CAMPALA MEDAR

"Urang Sunda kudu reueus kana karuhun. Ti Salakanagara nepi ka Pajajaran, Sunda geus ngawangun peradaban Nusantara. Jaga budaya, hirupkeun warisan pikeun generasi kiwari.” #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

Nyukcruk galur prilaku Rosul, ngudak tapak lacak para Ambiya


Arin & Lana
Mungkas Lalagasan

N
yukcruk galur prilaku Rosul, ngudak tapak lacak para Ambiya. Nitih wanci nu mustari, ninggang mangsa nu sampurna. Pikeun laki rabi dua pasangan nu dihijikeun ngaliwatan tali prtikahan.
Arina Rizqi Utami (Arina) Putri ti Bapa Epe Efendii (Kasie Kaspen PDAM Purwakarta) & Ny. Dedeh Halimah, S.Ag, M.Pd (Kepala SDN 3 Sukatani, Purwakarta) Parantos mungkas mangsa lalagasan, ngadahup ka jajaka pilihan atina M. Lan Maulana Saputra (Lana) Putra ti Bapa Dadang Saputra (Direktur Utama PDAM Purwakarta) & Ny. Juju Juariah.
Akad jeung Resepsi nikah lumangsung dinten Kemis ping 3 AJanuari 2019, di Jl. Sastsiun Ciganea No. 35B Kecamatan Jatiluhur Kabupaten Purwakarta.
Runtuyan acara Pra Aad Nikah dogdog dongdang seserahan dina wanci rumangsang, diteraskeun kana resepsi pernikahanan nu disaksenan ku Bupati Purwakarta Hj. Anne Ratna Mustika katut tamu ondangan, pon kitu dui teu leupas tina ngamumule Seni Sunda Karuhun saperti dogdog dongdang seserahan.

Dina wengina diteraskeun Safari Budaya Kang Dedi Mulyadi, Ohang, katut MK9 sapeuting ngahibur warga masarakat Ciganea Kecamatan Jatiluhur Kab. Purwakarta dina raraga Kaul Hajat, pon kitu deui warga setempat ku Kang DM sacara rereongan ngabantu salah saurang budak rumaja nu wastana Santana keuna panyakit kelainan jantung, Salut.

Nilik tina 3 sifat kang Dedi Mulyadi nyaéta "Nyaahan, Deudeuhan tur Asihan ieu masih aya di diri kang Dedi Mulyadi sok sanajan geus teu ngajabat Bupati Purwakarta, tapi tilu sifat éta ngarupakeun keur pembelajaran urang saréréa yén hirup téh kudu silih tulungan kanu butuh tatalang kanu susah.
Jiad pidu’a ais pangampih katut ti seuweu-siwi Warta Sunda Online. Muga-muga panganten sakalih salawasna aya dina pangraksa Alloh SWT. Dina ngolah umpalan galura rumah tanggana, sing tinemu jeung kabagjaan. Sing nepi ka ngawujud kulawarga nu sakinah mawadah warohmah. Amin!***(Anto S)


Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Nyukcruk galur prilaku Rosul, ngudak tapak lacak para Ambiya"

Posting Komentar