WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Upacara Poé Bela Negara Ka-77 Digelar di Taman Pasanggrahan Padjadjaran Purwakarta

Upacara Poé Bela Negara Ka-77 Digelar di Taman Pasanggrahan Padjadjaran Purwakarta Purwakarta – WSO Dina raraga miéling Poé Bela Negara Ka-...

CAMPALA MEDAR

"Urang Sunda kudu reueus kana karuhun. Ti Salakanagara nepi ka Pajajaran, Sunda geus ngawangun peradaban Nusantara. Jaga budaya, hirupkeun warisan pikeun generasi kiwari.” #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

WARTA TI SUKATANI


"Gusti iiii"
Longsor Deui Purwakarta Téh!!!
Warta Sunda Online,
Kiwari curah hujan méh unggal poé ngecrek ti mimit jam 12-san siang nepika peuting. Ku kituna warga Purwakarta sing rancinges dina usum hujan ieu téh.
Saperti nu kajadian sawatara waktu katukang di Kampung Krajan RT.08/RW.04 Désa Salamjaya Kecamatan Pondoksalam Kabupatén Purwakarta, (27/11). Nu ka uraugan téh sakulawarga nu janten korban nu kaurugan éta téh, opat urang tilar dunya wasta diantarana Ema Acem (70), Bah Bakri (75), Iwan (45) sarta Intan (8) siswa kelas 1 SDN SALAMJAYA.


Ari nu salamet tilu urang diantara Dede Misbah (12) siswa kelas 6 SDN SALAMJAYA, Yeyet (52) sarta Yanti (40).
Kari-kari ayeuna tumiba urug di Kampung Panyindangan RT.02/01 Désa Panyindangan Kecamatan Sukatani Purwakarta. Rebo (5/12/2018) peuting kira-kira jam 19.30 Wib, akibat taneuh lapang volly nu debit caina gedé tur ngeuyeumbeu ngamalir ka imah warga.
Kaajadian urug éta téh, ngabalukarkeun imah Yayah (43) nu ngabogaan dua urang anak, imahna ruksak parna akibat ka urugan taneuh tina tebing.

Salahsaurang warga setempat, nyatana Bapa Yunus (51) nalika tepang di kantor UPTD Pendidikan Kecamatan Sukatani ngabenerkeun kajadian longsor di Kampung/Désa Panyindangan. “Nya, Alhamdulillah kajadian musibah éta henteu nepika aya korban, ngan ukur imah,” pokna.*** Didih


Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "WARTA TI SUKATANI"

Posting Komentar