Bewara


BEWARA
Ati-Ati ku Oknum Meng-Atasnamakan
Tim Verifikasi Bangunan
Warta Sunda Online,
Geus ilaharna mun dina tiap sakola nu meunang bantuan sok jadi sumber target keur oknum pikeun néangan kasalahan, dengan dalih salahna matrial, kurang itu-ieu jeung sajabana. Kajaba bari jeung nirukeun lagana kawas mandor. Sabenerna mah rék dikumah-kumaha ogé, dina tiap pangwangunan sakola luyu sareng bistek jeung arahan ti pihak terkait. Kari-kari ieu mah sok disalahkeun bari jeung teu apal jujutanna.
Ungkara di luhur éta di resahkeun ku warga atikan di wilayah kerja Kecamatan Kiarapedes. Malihan ngarasa resah ku ayana oknum meng-atasnamakan Tim Verifikasi Bangunan. Bari jeung luhak-lohok ka unggal sakola. Untungna di wewengkon Margaluyu cepat tanggap alias sigap, oknum samodél kitu rikat pihak sakola jeung warga rék naréwak ku oknum éta. Kitu dijelaskeun ku Yasin (42) warga Désa Margaluyu Kecamatan Kiarapedes, Kabupatén Purwakarta ka WSO Via WA.
Dina kasempetan éta ogé, Pihak UPTD Pendidikan Kecamatan Kiarapedes, Cécé Husni ngabenerkeun ayana oknum luhak-lohok ka sakola. “Mun, katéwak pihakna rék dipasrahkeun ku nu berwajib,” pokna.
Ku kituna ka sakuma warga atikan sa-Kabupatén Purwakarta, bilih aya nu dongkap ka unggal sakola nu meng-atas namakan tim verifikasi bangunan, éta téh oknum. Malah kudu ditanya identitas boh Surat Tugas na. Saperti kamari kajadian di SDN 1 Margaluyu, Désa Margaluyu Kecamatan Kiarapedes, ceuk pihak sakola yén oknum nu wastana Rahmat Effendi jeung Unang Nurjaya rék ditéwak ku warga.
“Mugia ieu bewara téh, tong nepi ka kajantenan di Kecamatan bohna disakola sewang-sewangan,” pokna Cécé.*** Redaksi



Komentar

Postingan Populer