WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

30 Alumni SMPN Satap Terpadu Linggarsari Plered Gelar Silaturahmi dan Bhakti Sosial, Kenang Jasa Guru

30 Alumni SMPN Satap Terpadu Linggarsari Plered Gelar Silaturahmi dan Bhakti Sosial, Kenang Jasa Guru Purwakarta – Warta Sunda Online (WSO) ...

CAMPALA MEDAR

"Urang Sunda kudu reueus kana karuhun. Ti Salakanagara nepi ka Pajajaran, Sunda geus ngawangun peradaban Nusantara. Jaga budaya, hirupkeun warisan pikeun generasi kiwari.” #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

WARTA TI WANAYASA


SDN 1 Cibuntu Wanayasa
Pembiasaan 7 Poé Atikan  
         
Warta Sunda Online,
POÉ Juma’ah (23/11), témbong kaayaan SDN 1 Cibuntu  Kecamatan Wanayasa Kabupatén Purwakarta pembiasaan rutin ngalaksanakeun Perbup No.69 Tahun 2015 ngeunaan Pendidikan Berkarakter. Nu eusi unggelna ngeunaan 7 Poé Atikan Pendidikan Purwakarta  Istimewa luyu jeung ajén-inajén perbup, diantarana pembiasaan dina Poé Juma’ah téh “Nyucikeun Diri” nu ngandung harti ngadeukeutkeun ka Gusti Nu Maha Suci. Dina hal ieu mah, lain saukur SDN 1 Cibuntu waé nu ngalaksanakeun kagiatan nu saperti kitu téh, tapi sakabéh sakola nu aya di Kabupatén Purwakarta.
“Pihak sakola nu dibantos ku guru BTQ (Dewi Susilawati, S.Pd.I) jumlah siswa 147 urang téh ditungtun maraca Yassin tur ngalaksanakeun netepan dhuha,” ceuk Kepala SDN 1 Cibuntu, Aih Sumarni, S.Pd nalika ditepungan ku WSO dirohangan gawena..
Lain deui nu kasauran Dewi Susilawati, S.Pd.I, inyana ditugasan ku pamaréntah pikeun ngamankeun kawijakan hususna Perbup No. 69 Tahun 2015 dina unggal poé Juma’ah barudak dituyun pikeun maca Yassin, 15 menit sateu acan KBM. Pon kitu deui siswa piwarang netepan Dhuha masing-masing di kelasna sewang-sewangan. “Ngarah barudak téh leuwih deukeut ka Gusti,” pokna Dewi.
Salahsaurang siswa kelas 5, sebut waé Reza basa ditaros ku Galura nyebutkeun, sok ka gilir ku guru BTQ pikeun mingpin maca Yassin berjama’ah.
Sedengkeun ceuk Ketua Komité Sekolah, Dedi Junaédi, ngarasa reueus yén di sakola sok aya pembiasaan dina widang keagamaan malah nepika diwanohkeun ka peserta didik tur dilaksanakeun saperti maca Yassin berjamaa’ah tur solat dhuha. Lian ti di sakola ogé, diterapkeun di bumina sewang-sewangan.*** Anto

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "WARTA TI WANAYASA"

Posting Komentar