WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

30 Alumni SMPN Satap Terpadu Linggarsari Plered Gelar Silaturahmi dan Bhakti Sosial, Kenang Jasa Guru

30 Alumni SMPN Satap Terpadu Linggarsari Plered Gelar Silaturahmi dan Bhakti Sosial, Kenang Jasa Guru Purwakarta – Warta Sunda Online (WSO) ...

CAMPALA MEDAR

"Urang Sunda kudu reueus kana karuhun. Ti Salakanagara nepi ka Pajajaran, Sunda geus ngawangun peradaban Nusantara. Jaga budaya, hirupkeun warisan pikeun generasi kiwari.” #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

WARTA TI MANIIS


Nana Supyana, S.Pd, M.M
Ketua PGRI Cabang Maniis

Warta Sunda Online,
KETUA Pengurus Daérah (PD) II PGRI Kabupatén Purwakarta, H.M. Rasmita NS, S.Pd, M.Pd (7/11) ngistrénan Nana Supyana, S.Pd, M.M. jadi Ketua PGRI Cabang Maniis periode 2018-2023. “Anjeuna téh periode katukang géde ajénna dina ngokolakeun PGRI Maniis nu kaayaan masa transisi,” ceuk H.M. Rasmita.
Nana Supyana, S.Pd, M.M. nyebutkeun dirina siap jadi pupuhu PGRI Cabang Maniis. Pikeun neruskeun hanca nu can beres. “Hanca nu can beres éta téh ngeunaan inprastruktur nu ngawengku nehel gédong, merenahkeun kantor sekretariatna tur wangunan gédong nu can sampurna, nya kirang langkung tilu puluh persenan deui nu can kagarap,” pokna.
Dirina umajak ka anggota PGRI, hususna di Kecamatan Maniis pikeun nuluykeun rereongan keur ngarengsekeun tilu puluh persen deui sangkan gédong PGRI Cabang Maniis anu wangunan representatif.
Lain deui nu kasauran H. Halim, S.Pd basa ngawangkong jeung WSO disela-sela acara Konfercab PGRI Maniis, yén Pa Nana téh geus dua taun satengah ngisi kakosongan Ketua PGRI Cabang Maniis, ngarasa reueus kulantaran gédong nu kawitna acak-acakkan, ayeuna geus katingal rék tohaga. Kukituna sim kuring jeung saparakanca salaku anggota teu kabeuratan mun dipénta iuran keur ngabereskeun gédong. Samalah ti bulan Januari nepika bulan Oktober ahir, para anggota teu dipéntaan iuran. “tapi ayeuna Pa Nana jeung rengrengan dina ngokolakeun kapangurusan PGRI Cabang Maniis, rela dipénta ieuran,” pokna H. Halim.
Pangurus PGRI Cabang Maniis Periode 2018-2023 téh Ketua: Nana Supyana, S.Pd, M.M; Wakil Ketua: Mulyana Sugiayana, S.Pd, M.M; Seretaris: Édi Yulimansyah, S.Pd; Wakil Sekretaris: Mulyanto, S.Pd; Bendahara: Hj. Uum Sumiati, S.Pd.*** Anto

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "WARTA TI MANIIS"

Posting Komentar