WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

30 Alumni SMPN Satap Terpadu Linggarsari Plered Gelar Silaturahmi dan Bhakti Sosial, Kenang Jasa Guru

30 Alumni SMPN Satap Terpadu Linggarsari Plered Gelar Silaturahmi dan Bhakti Sosial, Kenang Jasa Guru Purwakarta – Warta Sunda Online (WSO) ...

CAMPALA MEDAR

"Urang Sunda kudu reueus kana karuhun. Ti Salakanagara nepi ka Pajajaran, Sunda geus ngawangun peradaban Nusantara. Jaga budaya, hirupkeun warisan pikeun generasi kiwari.” #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

WARTA TI SMP

SMPN 7 Purwakarta
Teu Tingaleun Dina Widang IT
Warta Sunda Online,
SALAHSAURANG siswa SMPN 7 Purwakarta kungsi ngahasilkeun artos Rp. 4 juta, tina ladang ngadamel aplikasi game dina Youtube.  Malah mandar siswa lainna ogé tiasa ngahasilkeun tina online.
Dedeh M Maémunah, S.Pd, M.Pd nyebutkeun siswana tos tiasa ngahasilkeun artos ladang tina kreatifitas siswa nu dibimbing ku Andre Nugraha, S.ST (Guru Kesiswaan) sareng Drs. Achmadi (Humas) dina ngamangpaatkeun teknologi milinea (24/10).
“Ngarasa reueus ka Sahruh Ali siswa kelas 9A SMPN 7 Purwakarta nu kantos ngadamel video ngeunaan game,” pokna Dedeh.
Andre Nugraha ngajelaskeun yén siswana geus bisa nyieun video game nu ditongton kurang leuwih 25.000 pengunjung youtube. “Kiwari siswana ogé keur tatahar nyieun video kreatif ngeunaan Peraturan-peraturan sakola nu ngalibetkeun stake holder ti mimiti siswa katut guru tur nu lainna. Ieu téh pikeun para siswana taat kana aturan-aturan sakola.” Pokna.*** Anto



Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "WARTA TI SMP"

Posting Komentar