WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU / BINTANG TAMU

Refleksi Poé Perempuan Internasional 8 Maret 2026: Awéwé Kuat Jadi Pondasi Masarakat

Refleksi Poé Perempuan Internasional 8 Maret 2026: Awéwé Kuat Jadi Pondasi Masarakat Ku : Acep Aan, S.Ag., ti Tasikmalaya PURWAKARTA / TASIK...

CAMPALA MEDAR

"Urang Sunda kudu reueus kana karuhun. Ti Salakanagara nepi ka Pajajaran, Sunda geus ngawangun peradaban Nusantara. Jaga budaya, hirupkeun warisan pikeun generasi kiwari.” #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

EMBUNG DI BOJONGMANGU


Saprak Kang Agus R Munggaran gaduh proyék Embung, saleresna hoyong pisan motrét embung nu aya di Désa Bojongmangu, mung karak laksana dinten kamari. Kantos kétang sababaraha bulan kalarung motrét, mung potrétna kalah ngahiang.



     Embung nu diwangun taun 2018 ieu, ngagunakeun waragad APBN nileyna 270 juta.

     Diwangun ku Tim Pelaksana Kegiatan Tingkat Désa, lokasina persis di tukangeun balé Désa Bojongmangu, gunana pikeun nampung cai, cadangan nyaian sawah nu aya di sabudeureun ku cara disedot nganggo mesin sedot.



     Ngan usum hujan jiga ayeuna mah sawah gé seueur cai, ku Pa Kepala Désa dimangpaatkeun pikeun melak lauk diantarana aya lauk emas sareng mujaér.***

#Carita_NH
23-01-2020

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "EMBUNG DI BOJONGMANGU"

Posting Komentar