WARTA SOSIAL TI GARUT : Ma Emi, 121 Taun Stake Holder nu Milu Merhatikeun
Stake Holder nu
Milu Merhatikeun
WARTA SOSIAL TI
GARUT – Warta Sunda Onliné,
Assalamualaikum
Wr. Wb. "Jejak Karuhun"
|
D
|
ina
raraga silaturahmi ogé ngagali potensi nu aya, poma keur ngawangun tina aspek budaya,
seni katut wisata di daérah Garut, umumna di daérah Kampung Adat Papandak, sim
kuring A.Anton Galuma di sarengan ku salasaurang nonoman Kampung Adat Papandak,
mang Wawan Emon.
Nalika ngadongdon ka éta
kampung, ari pas ngalengkah ka tempat nu dituju nyaéta ka Kampung Adat Papandak.
Di Kampung Baru Désa Sukamenak Kecamatan Wanaraja. Sim kuring ningal ema-ema nu
geus kolot umurna aya kana 121 taun. Malah mandar ningali éta pameunteu
salasaurang ema nu nyicingan imah nu ukurannana 2 x 2,5 métér, kajaba imahna
teu layak huni nu perlu perhatian ti pihak pamaréntah tina aspek sosial.
Teu kungsi lila nyampeurkeun
ema-ema éta. Basa ditalek yén wastana téh ema Emi. Dina hal ieu mah, inyana téh
geus teu boga kulawarga poma anak incu mah. Tapi mung sakadar paméré ti
tatangga nu milu mikanyaah dina urusan kabutuhan sapopoé.
Nini geus teu daya upaya pikeun
nyumponan bubutuh sandang, pangan tur papan. Tapi masih kénéh sumanget dina umur
cetuk huis tur dipanangkeun umur ku Alloh SWT. Keur mah kaasup manusa langka
dina umur 121 taun perlu perhatian ti staké holder.
Ku kituna sim kuring tim “Jejak
Karuhun” ogé ngaliwatan ASOSIASI USAHA DAYA TARIK WISATA GARUT, hayu rempug jukung
babarengan pikeun nyumbangkeun sabagian rezekina keur ngabantos Ma Emi tina
kabutuhan sandang, pangan tur papan keur hirup anu layak. Mangga tiasa langkung
anteb kontak langsung ka nomér : 085 22 347 0601 (a.n. Abang Anton Galuma).
Rezeki ti para pamaos
ngarupakeun pangbagéa pikeun “Jejak Karuhun” nu masih aya kénéh di kieuna, ku
cara perhatian para pamaos pikeun kalumangsungan hirupna. Pihak na miharep ka
pamaréntah tiasa merhatikeun anu daria.*** A.A. Galuma


0 Response to "WARTA SOSIAL TI GARUT : Ma Emi, 121 Taun Stake Holder nu Milu Merhatikeun"
Posting Komentar