Téma Sumpah Pemuda : Patani Milenial Sukahaji Ngadorong Kemandirian Ékonomi Désa Ngaliwatan Pertanian Hortikultura
PURWAKARTA – WSO,-
Nyanghareupan tangtangan jaman jeung arus globalisasi anu beuki mahabu, poma dina miéling poé Sumpah Pemuda ku ayana "Patani Milenial" ngarupakeun poténsi hiji daérah pikeun ngadukung program pamaréntah. Salah sahiji conto nyata aya di Kecamatan Tegalwaru, Kabupatén Purwakarta.
Éta téh Dedi Supiadi, S.Pd, saurang patani sakaligus bandar bonténg asal Désa Sukahaji, anu geus lila ngulik jeung ngagarap dunya pertanian ti saprak taun 2014. Lalaki kalahiran Purwakarta taun 1990-an ieu téh putra ti pasangan Een jeung Sudin, patani paré asal Sukahaji.
Nalika ditepungan ku Warta Sunda Online (WSO) di lokasi panén bonténg, 28 Okrober nu bertepatan Hari Sumpah Pemuda Dedi nyebut yén kabiasaan jeung katekunan dina ngagarap lahan pertanian geus dijalankeun ti saméméh manéhna kapilih jadi Kapala Désa Sukahaji.
Salahsaurang pagawéna keur manen bonteng tina 30 rebu tangkal bonteng. *
“Tani téh pagawéan anu bisa ngahirupan kulawarga. Kuring mah henteu isin jadi patani, sanajan ayeuna ngajabat jadi kapala désa,” saur Dedi bari seuri.
Motivasina pikeun terus ngulik pertanian asalna ti mertua, anu sok mere dorongan supaya wani nyobaan rupa-rupa komoditas sayuran saperti bonténg, cengek (cabé rawit), jeung kacang.
Saméméh jadi bandar sayur, Dedi kungsi ngajar salaku guru honorer di SMPN Satap Sukamukti jeung MTs di Tegalwaru salila dua taun. Anjeunna ogé nyebut yén Agah M, S.Pd jadi guru anu mere sumanget pikeun terus diajar jeung ngabaktikeun diri di dunya atikan, saméméh tungtungna mutuskeun pikeun fokus kana pertanian.
Ayeuna, Dedi leuwih milih ngurus usaha tatanén sacara pinuh kalayan sumanget ngaronjatkeun ékonomi désa. Harga bonténg di lapangan sempet turun nepi ka Rp1.000/kg, tapi ayeuna geus naék deui jadi Rp4.000/kg. Sanajan hargana sok robah-robah, para patani tetep sumanget ngajaga produktivitas sanajan aya gangguan hama di sababaraha wilayah Purwakarta.
Di sisi séjén, Lurah Tegalsari anu ogé boga latar tukang patani, boga niat pikeun ngalebarkeun lahan pertanian pikeun rupa-rupa komoditas. Kiwari, aya sakitar 20 urang pagawé anu ngurus lahan pertanian sabudeureun 1 héktar di wilayah Sukahaji.
Kukituna yén komoditas bonténg jadi andelan utama. Ku 30 rébu batang jeung modal sakitar Rp50 juta, hasil panén rata-rata ngahontal 20 ton kalayan harga jual Rp4.000/kg sanggeus waktu tanam 3 bulan.
“Harga sayuran mah sok robah, kadang bisa nepi ka Rp12 rébu per kilo, tapi urang mah nikmatin wé prosésna,” ceuk Dedi.
Sacara teknis yén panén bonténg téh dilaksanakeun unggal dua poé sakali kalayan waktu tanam opat bulan 40 poé. Dina sakali petikan, bisa ngahasilkeun 3 ton, sarta dina hiji musim bisa ngahontal 5 nepi ka 7 kali panén.
Ayeuna ogé, sim kuring keur melak cengek, insya Alloh kurang leuwih dua bulan kapayun rék panen, tina waktu tanam 90 nepika 120 poé.
Ngeunaan lain, Kepala Désa Sukahaji pihakna keur ngamekarkeun Bumdes Sukahaji miharep aya rojongan ti pamaréntah daerah pikeun nguatkeun kemandirian ékonomi désa ngaliwatan sektor pertanian. Program ieu ditujukeun pikeun ningkatkeun PADés (Panghasilan Asli Désa) dina taun 2026, sarta pikeun muka kasempetan pagawean anyar pikeun warga sabudeureunana.***
Komentar
Posting Komentar