Dedi Mulyadi Dorong Kapala Sakola Ngawula di Daerahna Sorangan


Dedi Mulyadi Dorong Kapala Sakola Ngawula di Daerahna Sorangan

Bandung – WSO, Pamaréntah Provinsi Jawa Barat ngamimitian kawijakan anyar dina rotasi kapala sakola. Aya 641 kapala sakola anu geus dilantik, kalolobaanana ayeuna dipulangkeun deui pikeun ngawula di daerah asalna.

Kapala Dinas Pendidikan Jawa Barat, Purwanto, ngajelaskeun yén léngkah ieu bagian tina rotasi jeung promosi jabatan pikeun ngadeukeutan tempat tugas jeung domisili kapala sakola. Tina total éta jumlah, 215 urang meunang promosi jabatan anyar.

Samentara éta, Gubernur Jawa Barat Dedi Mulyadi nétélakeun yén rotasi anyar ieu diarahkeun pikeun ningkatkeun rasa kabetahan jeung kapedulian kapala sakola kana masyarakat di sakurilingna.

“Kapala sakola kudu ngawula di wilayahna sorangan, supaya leuwih ngarti kana karakter warga jeung kabutuhan pendidikan,” saur Dedi.

Dedi ogé nambahkeun yén sistem baheula, di mana kapala sakola kudu tugas jauh ti lemburna, teu éfisién sarta kadang ngaganggu kinerja.

“Lamun cicingna di hiji kabupatén, kudu ngajar di ditu ogé. Ulah aya deui kapala sakola ti kabupatén ieu tugas di kabupatén séjén,” tandasna.

Komentar