Ridwan Kamil Kunaon di Suntik Vaksin???



BANDUNG - Warta Sunda Onliné, 

Pihak medis Puskesmas Garuda di Bandung nyuntikeun Vaksin Covid-19 ka Gubernur Jawa Barat , Ridwan Kamil, poé kamari, Saptu (29/8/2020) jam 13.00 Wib. 

Penyuntikan vaksin éta, dina raraga antibodi keur nangkis tur ngalawan Virus Covid-19 nu asli. Kajaba ti éta, vaksin ieu ngahaja disuntikeun. 

Saur Pa Gubernur, yén Vaksin Covid-19 éta, efek sampingna kana awak téh raraosan paregel salami 5 menit pon kitu deui asa cenat-cenut, rasa tunduh sareng lapar.




Numutkeun medis, hasil laporanna aya dina keretas rapor ka tim peneliti. Disagedengeun éta, "Sim kuring kedah 3 kali ngadongdon ka tim medis sarta sakali deui disuntik vaksin," pokna Ridwan Kamil ka awak média.

Neda pidu'ana sangkan tarekah jeung patéah ieu, sangkan covid-19 ieu sirna. ***


Komentar