Mang Warsun : Disuntik Vaksin Corona

 


Disuntik Vaksin Corona


Mang Warsun: "Kumaha cénah efekna tos di vaksin, nu jang  antibodi nangkis korona téh?"

Cep Dodod: "Numutkeun kasauran pa gubernur Jabar, kang Emil. Saurna saatos di suntik téh karaos paregel kana 5 menitan, tunduh, sareng lapar. Abdi ogé kitu sami mang!"

Mang Warsun: "Cep Dodod ogé ngiring divaksin?"

Cep Dodod: "Henteu mang, abdi mah paregel,  tunduh sareng lapar wirehna cape tos macul di sawah."

Mang Warsun: "Hadeuh ..."

Komentar