06/03/2020

Patalimarga Gulampok Pasawahan ka Tutupan Longsor.

PASAWAHAN - Warta Sunda Onliné,
Katerangan Poto :
Patalimarga di Gulampok Pasir Muncang Pasawahan jalanna ka urugan taneuh.*

Patalimarga di Désa Kertajaya lumpuh total, alatan jalanna ka urugan taneuh di Gulampok/pasir Muncang. Kajadian longsor akibat curah hujan teu eureun-eureun, Kemis, (05/03/2020).


     Dina hal ieu mah warga di éta wewengkon teu bisa luwat-liwat. Kajadian ieu geus 3 kali longsor, tapi ayeuna nu palung parna. Kitu ceuk A.Badria warga di wewengkon Pasir Muncang ka Warta Sunda Obnliné dilokasi poé Juma'ah isuk (6/3).

     Ayeuna geus aya pihak nu terkait pikeun ngoméan jalan nu pinuh ku urugan taneuh.***

0 Komentar:

Posting Komentar

<< Beranda