CONTO KARAKTER Ku : Kang Mamat
Ilustrasi Conto Karakter.*
K
|
apribadian jelema bisa ditingali tina
kumaha cara manéhna ngadahar tahu, dipedar di handap ieu:
1. *KONSERVATIF* : am dahar tahu, terus
ngégél céngék.
2. *PROGRÉSIF* : Ngégél céngék heula,
terus ngahuapkeun tahu
3. *SPÉKULATIF* : Manggih céngék terus
digayem, da susuganan bakal manggih tahu
4. *IMAJINATIF* : Can gé dahar tahu
jeung céngék, geus seuhah jiga nu lada
5. *OPTIMIS* : Ngarasa yakin bakal aya
nu méré tahu, matakna ngaheulakeun ngagayem céngék
6. *NÉKAD* : Ngagayem céngék 20 siki
bari teu jeung ngadahar tahu
7. *ITUNGAN* : Méméh am dahar, ngitung
heula jumlah tahu kudu kelipatan 2 jeung jumlah céngék
8. *OPORTUNIS* : Mamawa céngék bari
ngadeukeutan tukang tahu , sugan jeung sugan dibéré tahu haratis
9. *DRAMATISIR*: Tas dahar tahu céngékna
loba teuing, terus cirambay bari ngésot ngadeukeutan dispénser
10. *SOMBONG*: Méméh am, nyarita ka
saréréa "Tempo yeuh, kuring rék dahar tahu jeung céngék!"
11. *KAPITALIS* : Manggih céngék
langsung dipelakeun, sugan geus buahan bisa dijual, hasilna keur meuli tahu
12. *FANATIK* : Lamun nempo batur dahar
tahuna béda, sok langsung ngambek
13. *KRITIS* : Saméméh am, sok nanya
"Kunaon lamun dahar tahu kudu jeung céngék? Naha teu bisa ngadaharna jeung
Rhemason? Panan sarua panasna?
14. *PERFECSIONIS*: Samemeh tahu jeung
cengek dihuapkeun, dikumbah heula ku lisol atawa alkohol.........mabok.
15. *MÉLANKOLIS* : Rék am dahar tahu,
kadupak batur, tahuna ragrag, terus ceurik bari nyanyi " Betapa Malang
nasibku".. semenjak ditinggal tahu... *
16. *KEKINIAN*
Barang dahar Tahu jeung Cengek trus
diaplod di yutub.
17. *LEBAY*
Barang dahar Tahu jeung cengek bari Salto...trus
ngagoler...!
Wilujeng tuang peuyeum kasadayana.***