WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Sekda Purwakarta Sampaikan Penjelasan Bupati tentang RPJPD 2025-2045 pada Rapat Paripurna Tingkat I DPRD

Sekretaris Daerah Purwakarta nepikeun katerangan Bupati ngeunaan RPJPD 2025-2045 dina Rapat Paripurna DPRD Tingkat I. PURWAKARTA...

CAMPALA MEDAR

Assalamu'alaikum Wr. Wb. Sampurasun. Pamaos Baraya Warta Sunda. SAKANTET UCAP LEBARAN 1445 H / 2024 M Bagéan ka-1 "Ti langit nu pangtebihna, dugi ka balébat panganggangna, nguyang muara hampura. Mugia langgeng dina wening ati. Wilujeng Boboran Siam." Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Mitra Medar : K.i.a.m.a.t

K. I. A. M. A. T

Hiji mangsa bakal ngadatangan
Nu teu bisa dicaram atawa di halangan
Sabab geus jadi hiji katangtuan
Dunya bakal diperenan

Giwangkara medal ti surupna
Gunung rabeng lepas tina patokna
Jagat genjlong, oyag sagarana
Lemah belah,  caah caina

Paburisat jalma lalumpat
Teu puguh laku jiga sakarat
Teu malire dulur atawa sobat
Rawah riwih dina poe kiamat

Ditegalan ngampar jalma ngarumpul
Baris ngantay pating hariul
Hiji-hiji meuntas jalan bari jeung paur
Salah lengkah, tisoledat pasti ngajebur

Meuntas jalan lain ku sukuna
Tapi lempang meuntas ku amalna
Amal hade Sawarga ahirna
Amal goreng naraka tempatna

#Ki21919nd
#wilujengwengibaraya

Subscribe to receive free email updates: