WARTA TI SUKATANI













Asép Somantri, S.Pd
Ketua PGRI Cabang Sukatani


Warta Sunda Online, 
RATUSAN anggota PGRI Cabang Kecamatan Sukatani harita tumplek di Gédong PGRI Cabang Sukatani/Kantor UPTD Pendidikan Kecamatan Sukatani, Purwakarta (19/10/2018) dina acara istrénan Pangurus PGRI Cabang Kecamatan Sukatani Masa Bhakti 2019 – 2023.
Waktu Galura ngadongdon acara istrénan éta, katingal réngréngan PD II PGRI Kabupatén Purwakarta katut pupuhuna nu sakaligus ngistrénan pangurus PGRI Cab. Sukatani.
Asép Somantri, S.Pd nyebutkeun dirina dipilih ku anggota pikeun mupuhuan PGRI Cabang Sukatani. Dirina umajak ka anggota PGRI, hususna di Kecamatan Sukatani pikeun ngamajukeun daérahna dina wiang atikan. “Atikan téh widang anu kacia pentingna, majuna hiji bangsa gumantung atikan. Hiji bangsa maju, atikannana ogé mju,” pokna.*** Anto











Keterangan Poto :
Asép Somantri, S.Pd

Komentar